Home · Parenting · Konseling · Blogging · Tips · Daftar Isi

100 Conto Wawangsalan Basa Sunda

Wilujeng patepang sono!
Alhamdulillah tiasa patepang deui sareng palawargi sok sanaon ngalangkungan dunia maya. Ngahaturkeun di handap ieu saratus conto wawangsalan. Wawangsalan teh kalebet rarakitan nya kitu oge tatarucingan. Biasana wawangsalan kawangun ku cangkang jeung wangsal. Tah dina wangsal sok aya enggang nu jadi "klu" kango ngajawab eta sisindiran

Mugia tiasa katampi!
1. Abdi téh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan = pisin
2. Ajag désa basa Jawa, lesuna teu aya tanding = asu
3. Abdi ti ménak ka somah, gamparan mah ieu aing = umaing
4. Ajag lembur lamun engkang, énjing henteu wangsul deui = anjing
5. Anak beurit dina katung, kapan endén mundut encit = buncit
6. Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis = ngoyok
7. Areuy leuweung mérang daun, ulah sok japilus galih = pulus
8. Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati = walimah
9. Aya nu dianjang cai, aya nu dihéroan = séro
10. Ayeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih = eurih
11. Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit = elos
12. Balé diréka masjid, nya pikir bati rumajug = tajug
13. Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak = bayawak
14. Bango leutik bodas hulu, moal samar ka diri abdi = camar
15. Batuk eungap hésé damang, saé sumping baé wengi = mengi
16. Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap = gelap
17. Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi = oray
18. Béntang baranang di imah, samar bisa tepung deui = darma
19. Beulit cinggir simpay réma, ulah lali ka sim abdi = ali
20. Beunying leutik sisi cai, ari ras sok cimataan = amismata
21. Beusi bodas cingcin kecrik, cumah baé dipicinta = timah
22. Buah kawung raranggeuyang, curuluk cisoca bijil = caruluk
23. Bulu panon wates taar, itu nyai mani geulis = halis
24. Cacangkir bahana beling, masing welas lahir batin = gelas
25. Cakcak gedé kadal bilik, ulah dipaké mokaha = toké
26. Cau gedé ngan sasikat, taya teuing bagja diri cau = bagja
27. Cikur jangkung pamuraan, kapalay siang jeung wengi = panglay
28. Cucuk basa Malayuna, duriat henteu laksana = duri
29. Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdi mah alim = lém
30. Daun tuhur na tangkalna, sok rus-ras ka nu teu aya = kararas
31. Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkéwok teu kanyahoan = téwok
32. Dodol gula digolongan, nu hina kaluli-luli = gulali
33. Dukun tukang ngemat héwan, abdi mah ku alim teuing = malim
34. Enggeus ka palupuh nangtung, ayeuna geus kapimilik = balik
35. Gagang caruluk karadak, pantes mun rék dinyenyeri = langari
36. Gedang atah keur lumayung, engkang mah jelema ginding = gumading
37. Gedong ngambang di sagara, kapalang geus béla pati = kapal
38. Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binangkit = rumahsakit
39. Hayam sawah dipiara, abong kanu apes diri = meri
40. Hayam tukung saba gunung, uyuhan teuing nya diri = puyuh
41. Hiris ngora deungeun sangu, abdi mah kapok téh teuing = kapokan
42. Imah leutik tempat ngaji, teu asa ngalanggar cegah = langgar
43. Indung kuar hama sirah, nu kitu ulah digugu = kutu
44. Isuk basa Malayuna, tangtos abdi rék sayagi = pagi
45. Jalaran bibit kalapa, isin da abdi mah santri = kitri
46 Jati leutik jagong ngora, dodolog kirang utami = semi
47. Jukut jangkung pipir gunung, haté abdi panas peurih = eurih
58. Kacang panjang gagabengan, sakieu darajat kuring = jaat
59. Kadal gedé saba darat, pareng alus bagja awak = bayawak
50. Kalapa bakalan minyak, nu ampuh titis raspati = cipati
51. Kararas daun kalapa, teu aya nu ngabangbrangkeun = barangbang
52. Kauntun tipung katambang, béas laksana meunang ijasah = laksa
53. Kembang biru di astana, abot pisah jeung kakasih = salasih
54. Kembang jambé kara beukah, kumayangyang pikir abdi = mayang
55. Kertas kabur kaanginan, kumalayang pipikiran = langlayangan
56. Keuyeup gedé saba laut, teu hadé liar ti peuting = kapiting
57. Kokotor saluar awak, da sanés rek hiri dengki = daki
58. Kulit teuas tungtung ramo, baku osok nganyenyeri = kuku
59. Kuring mah kabedil langitda puguh matak kalinglap = gelap
60. Kutu baju kuar sinjang, moal weléh tumarima = tuma
61. Lahang abri dibotolan, ningal anu suka galih = cuka
62. Lampu leutik tengah imah, abdi samar méré idin = damar
63. Lancah cai di walungan, engkang teu émut ka abdi = engkang-engkang
64. Lauk panjang dina parung, ari émut merod pikir = berod
65. Manuk apung saba eurih, haté asa didudutan = dudut
66. Manuk lindeuk di buruan, kuring bati panas ati = japati
67. Manuk renggé saba ulam, hayang tepi ka ngajadi = caladi
68. Maung tutul saba kasur, diri teu ngareunah cicing = ucing
69. Melak bangsal di kotaka, nwayahna dék sabar diri = nebar
70. Meri pendék ngojay hayam, henteu négtog pikir abdi = éntog
71. Mun inget mangsi Malayuan, jeun téh cinta ka kuring = tinta
72. Nganyam bola jadi lawon, peupeujeuh kudu sing junun = ninun
74. Nu gering geus rampus dahar, kuring mah mo payu deui = mamayu
75. Nya buah ngacung ka luhur, kuring mah sok panas ati = ganas
76. Nyeupan sangu tacan timus, teu sanggup manggihan deui = gigih
77. Nyiru gedé wadah bangsalan, jeun mah nsok sindir sampir = tampir
78. Pangcalikan tonggong kuda, kudu satia buméla = sela
79. Paribasa petis Cinahayang nepi ka cacapna = kécap
80. Paparem ngawurah ketan, mokaha atuh da wargi = ragi
81. Péso patok kewung tungtung, hayang kapiajang teuing = rejang
82. Pileuleuyan kebo gunung, ngadadak tineung nya pikir = badak
83. Piunjuk duméh rék wangsul, sanés abdi rék cilimit = pamit
84. Puguh mah ubar muriang, nu hina leuwih ti misti = kina
85. Puter putih saba lembur, kuring seja béla pati = japati
86. Ranté ngait kana baju, memang geus cumantél ati = cantél
87. Salendro di papanggungan, ngomong kalepasan teuing = koromong
88. Sanggal hideung saba ranca, témbong léléwa nu manis = lélé
89. Sapikul katian Cina, malah kumplit sareng cingcin = dacin
90. Séndok batok digagangan, geus lawas abdi ngalayung = gayung
91. Séréh leuweung turub saung, haté abdi panas peurih = eurih
92. Situ bendung di Citarum, gulang-guling ngan sorangan = Saguling
93. Sok rajeun ngabuah kawung, curuluk cisoca bijil = curuluk
94. Tegal tengah nagara, laun-laun sugan hasil = alun-alun
95. Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut = simeut
96. Teu beunang ditiwu leuweung, teu beunang dipikasono = kaso
97. Teu puguh monyét hideungna, teu puguh tungtungna = lutung
98. Tepi ka kélor héjona, tepi ka antukna = katuk
99. Ulah sok kapiring leutik, ulah sok kaisinan = pisin
100. Wadah minyak tiana beling, jadi budak kudu getol = botol

Artikel keren lainnya:

3 Tanggapan untuk "100 Conto Wawangsalan Basa Sunda"

Dilarang membagikan link judi, pornografi, narkoba, dan kekerasan. Terimakasih.