Home · Parenting · Konseling · Blogging · Tips · Daftar Isi

Tatarucingan (Tebak-tebakan Dalam Bahasa Sunda)

Wilujeng wayah kieu urang Sunda!
Tatarucingan dina basa Indonesia dipikawanoh ku tebak-tebakan atawa teka-teki. Kecap tatarucingan téh asal kecapna tina tarucing atawa turucing. Tina kecap turucing muncul kecap tatarucingan (tina tarucing jadi tatarucingan) anu hartina kaulinan ngaluarkeun rupa-rupa tarucing.

S: Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan haladir, tapi aya hiji sato anu telat? Naon cing?
J: Titinggi, sabab lila teuing make sapatuna

S: Kumaha cara ngasupkeun gajah kana kulkas?
J: Bukakeun kulkasna terus asupkeun

S: Kumaha cara ngasupkeun jerapah kana kulkas?
J: Bukakeun kulkasna, kaluarkeun gajahna terus asupkeun jerapahna

S: Sakumna sato ngayakeun rapat, tapi aya hiji sato anu teu hadir?
J: Jerapah. Sabab masih dina kulkas

S: Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara?
J: Toge

S: Diubek, diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon cing?
J: Korong

S: Bangku naon anu bisa didahar?
J: Bangkuang

S: Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut!
J: Rujak

S: Batu naon anu teu aya di cai?
J: Batu garing

S: Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
J: Oray nu ngalegleg linggis

S: Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?
J: Aki-aki make iteuk jeung kacamata

S: Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet.
J: Cau

S: Hayam naon anu sukuna hiji?
J: Hayam nu keur jengke

S: Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.
J: Kareta api

S: Lamun orang dibere suku bakal kumaha?
J: Bakal macok atuh

S: Gajah tumpak beca, gede naonna?
J: Gede bohongna

S: Gunung di tugar, bendera berkibar ?
J: Nu keur ngakeul

S: Nu di akod maju, ari anu ngakod na cicing ?
J: Pancuran

S: Ari pribumi di luar, semah dijero?
J: Beca

S: Supir naon nu matak lapar?
J: Supiring ku sapuluh urang

S: Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ?
J: Piringatan 17 Agustus

S: Naon bedana sarimie jeung nini-nini?
J: Sarimie renyah, nini-nini renyoh

S: Di luar hujan angina, di WC hujan naon?
J: Hujan-heujeun

S: Hayam bodas, naonna anu hideung?
J: Kalangkangna

S: Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
J: Tinggal turunna

S: Hayam naon anu keur jengke?
J: Hayam nu keur sondah

S: Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna?
J: Gitar

S: Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul?
J: Balas cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup

S: Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang?
J: Sabab teu make kaca spion

S: Kaca naon anu sok disada?
J: Kacapi

S: Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok?
J: Sapiderman

S: Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok?
J: Hayam paeh

S: Supirna opatan ari panumpangna saurang?
J: Pasaran

S: Buah naon anu tara diala?
J: Buah murag

S: Piramida di jerona aya harta karun?
J: Bacang

S: Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat?
J: Remeh napel dina pesawat terbang

S: Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha?
J: Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber

S: Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya?
J: Incuna kuman nu teu dahar saminggu

S:  Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing?
J: Eleketek heula, nu seuri eta huluna

S:  Naha superman bajuna make hurup "S"?
J: Sabab mun XL mah bakal logor teuing

S: Hiji diala ari loba teu diala.
J: Huis

S: Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina beuteung?
J: Orok nu keur dikakandung ku indungna

S: lauk naon anu bisa hiber?
J: Lauk Indosiar

S: Sato naon anu pangharam-haramna?
J: Anak bagong euweuh bapaan

S: Budak dugul loba kutu?
J: Onde-onde

S: Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum?
J: seupah

S: Dicukur buluan, teu dicukur dugul?
J: Kadongdong

S: Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh?
J: Rebab

S: Lamun ker mentas dina sasak, terus di tengah-tengah mangih bangke anu ges bau, muntangna kana naon ?
J: Muntangna kana irung, da bau bangke

S: Lima kali sabaraha anu eusina 17 ?
J: Lima kali solat

S: Anu bongkok sarena kumaha ?
J: Peureum

S: Kasur naon anu nyeuri ?
J: Kasura

S: Di toel hipu, di takol ngabelentrang ?
J: Tai kotok napeul dina tihang listrik

S: Sato naon anu panonna dina suku, irung na dina suku, lengen na dina suku sagalana dina suku?
J: Sireum katincak

S: Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh?
J: Kuda

S: Diudag lumpat didagoan cicing?
J: Kalangkang

S: Indungna cicing anakna ancul-anculan?
J: Lisung jeung halu

S: Nangkub dieusi nangkarak kosong?
J: Kopeah

S: Monyet turun naon heula?
J: Naek heula

S: Diajak dahar kalah naek?
J: Tukang gali sumur

S: Bahasa inggrisna budak cerik ?
J: I is you

S: Bahasa arabna jangot ?
J: Balagadona

S: Perbedaan Allah, Motor, Monyet ?
J: Ari Allah mah kawasa, ari motor mah kawasaki, ari monyetmah kawasia.

Artikel keren lainnya:

4 Tanggapan untuk "Tatarucingan (Tebak-tebakan Dalam Bahasa Sunda)"

Dilarang membagikan link judi, pornografi, narkoba, dan kekerasan. Terimakasih.