Home · Parenting · Konseling · Blogging · Tips · Daftar Isi

Lirik Teks Sawer Bahasa Sunda Untuk Khitanan/Sunatan

Contoh Lirik Sawer Sunda Untuk Sunatan/Khitanan
Saweran merupakan salah satu agenda wajib dalam resepsi pernikahan maupun pernikahan khitanan. Biasanya dalam adat saweran dibacakan sajak yang berisi pepatah untuk pengantin nikahan ataupun sunatan. Di tengah-tengah saweran disawerkan uang receh ataupun makanan kecil.
Berikut ini contoh lirik teks saweran bahasa sunda untuk khitanan atau sunatan.
Khitanan

Bismilah damel wiwitan
mugi gusti nangtayungan
ka ujang/nyai nu di sunatan/gusaran
mugia kasalametan

Nu asih di dunyana
nu nyaah di aheratna
ti ka adi-adina
Sareng ka kanca kancana

Kasép ieu téh piwejang,
Poma tengetkeun ku Ujang
Masing éling sapapanjang,
Awon ulah katarajang.

Sing émut waktu dikandung,
Di guha garba nyalindung,
Salapan bukan dikandung
Dirajah ku lagu kidung.

Sabulan eukeur ngahérang,
Tilu bulan geus sampurna,
Genep bulan geus mangrupa,
Tujuh bulan hidep usik.

Nitih bali nincak jadi,
Nepi ka salapan bulan,
Nya gubrag hidep ka dunya,
Sang Ratu Guyubud Putih.

Ibu anu kahéséan,
Sabab boga kalakuan,
Jadi ibu katempuhan,
Malah rajeun kasusahan.

Peuting Ibu loba nyaring,
Sabab Ujang sok ngarungsing,
Duh poma teuing anaking,
Kanyaah ka Ibu cangking.

Mun Ujang kulem tibeurang,
Ibu tara betah nganjang,
Ku sabab ka ujang melang,
Ujang ka Ibu sing nalang.

Contoh Lirik Sawer Sunda Untuk Khitanan

1.  Baeu kasep nu kuatan
hidep atos disepitan
teu aya kamadorotan
Bapa teh lain teu watir
asep raheut nyeri nyengir
ku asep meureun kapikir

2.  Lain ukur kagaliban
tapi misti kawajiban
ka Islaman nu ngauban
ujang teh keur cacarakan
korban getih nu nyakclakan
ridona sing bebeakan

3.  Nya rido ka nu Agung
poma pikir ulah bingung
boh bilih temahna linglung
baring supagina gering
kawas ayeuna anaking
bet henteu sapira geuning

4.  Ujang teh tos korban getih
jaga mah bet leuwih-leuwih
dimana manggih kasedih
hate teh masing beresih
tinangtu loba nu asih
repeh-rapih silih asih

5.  Korban getih enggeusna
jaga mah korban ku harta
ulah sok dipepenta
pakir miskin bagi rata
mangkade dibeda-beda
bisina jadi gogoda

6.  Ti ayeuna kudu wekel
nyiar kaweruh sing kekel
sagala cabak parigih
ilmu agama darigama
pangjurungna ibu rama
pacuan salah tarima

7.  Kahade kagembang goda
temahna ngabarobeda
si goreng minuhan dada
maparinan dua jalan
kahadean kasauran

8.  Mun mapay jalan nu salah
pinanggih jeung lanat Allah
nu matak ulah balangah
mun mapay jalan nu bener
pikiran tinangtu teger
hasilna salamet seger

9.  Seger pikir mawa janglar
keker henteu gampang udar
gumelarna manusa anu jembar
sing saha nu maha suci ati
kakasih nu maha suci
diasih bae ku Gusti

9.  Pangna ujang disepitan
hartina teh dituduhan
tuduhan hiji jalan
Rama teh nuduhkeun Islam
ku Ujang kudu kapaham
sarta kudu dilampahan

10.   Geuning disunatan nyeri
henteu ngeunah henteu nyari
napsu mah teu pati beuki
kapaksa bakti ka Gusti
da kitu tungtunan Nabi
ibadah masing gumati

11.   Tah kitu kapalay sepuh
sakabeh oge pituduh
lain jalan-jalan henteu puguh
tong was-was tong asa-asa
nya nyembah ka Nu Kawasa
lakonan sabisa-bisa

12.   Cangkurileung 3x
eunteup dina dahan cabe
apa melang ka si encep
teh apa melang
nineung soteh nyawer teh
sakitu bae

13.   Nyieun panggung nutup sumur
asupna tina gapura
neda agung cukup lumur
neda jembar pangampura

14.  Gapura di Malangnengah
ngaliwat bade ka imah
hampura ka nu lalenggah
mugia rarido manah

=====
=====

Artikel keren lainnya:

Belum ada tanggapan untuk "Lirik Teks Sawer Bahasa Sunda Untuk Khitanan/Sunatan"

Post a Comment

Dilarang membagikan link judi, pornografi, narkoba, dan kekerasan. Terimakasih.