Home · Parenting · Konseling · Blogging · Tips · Daftar Isi

Pengertian Wawangsalan Bahasa Sunda Dan Contohnya

Pengertian Wawangsalan Dalam Bahasa Sunda Dan Contohnya
Wawangsalan adalah sisindiran yang terdiri dari sindir dan isi. Biasanya wawangsalan terdiri dari dua kalimat. Kalimat pertama berisi soal dan pada kalimat yang kedua terdapat klu yang mengarah ke jawabannya. Contoh wawangsalan:
Lauk rebing saba laut
Kari-kari jalir jangji (pari)
Kalimat pertama merupakan soal yang bila diterjemahkan ke bahasa Indonesia “Ikan lebar yang berkeliaran di laut”. Para sobat tahu kan ikan yang lebar? Yaps, jawabannya ikan pari. Nah pada kalimat kedua harus ada suku kata yang sama atau mendekati jawabannya. adapun klu pada contoh di atas adalah kata “kari-kari” yang mendekati “pari”.


Kumpulan contoh wawangsalan bahasa Sunda:

Abdi mah caruluk Arab
henteu tarima téh teuing (korma)

Abdi téh sok ngembang kawung
inggis teu ngareunah teuing (pengis)

Ajag lembur Indramayu
naha bet kalangsu teuing (asu)

Alun-alun paleuweungan
gagal temen mun teu jadi (tegal)

Anak munding masih nyusu
aduh endén buah ati (énéng)

Angeun somah pakampungan
kajeun bedo ti kamari (bodo)

Aringgis sok nyatang bolang
kapongpongan siang wengi (lompong)

Awi ngora téh jaradi
temah matak jadi liwung (iwung)

Aya mesin bisa ngapung
kapidara diri abdi kapal (udara)

Baku sok ngalebu badag
reueus keur sareng jeung istri (areng)

Bango héjo hérang jangjang
piraku engkang ka abdi (merak)

Baréto gé batur pirus
juragan geuning pelekik (akik)

Béas ditutuan deui
iraha atuh patepung (tipung)

Bedog urang Darmaraja
kawantu abdi mah miskin (sekin)

Bendi panjang roda opat
ulah kalah ka Carita (kareta)

Bedug wedalan Eropa
abdi teu asa dipuji (tanji)

Biasa ngadodol gula
abdi henteu dipaduli (gulali)

Bibika tipung tarigu
ku engkang tacan kaharti (roti)

Careuh beureum pasawahan
nu dusun leuwih ti misti (lasun)

Catetan bulan jeung taun
juragan ménak utami (almenak)

Cék lémék Jawa sumuhun
hayang téh ulah kapanggih (enggih)

Cisusu kentel dimasak
ulah téga-téga teuing (mantéga)

Dadampar di pagulingan
alim ka nu kirang surti (kasur)

Daun kasap kosok méja
tobat ulah nolas teuing (hampelas)

Désémber tangtu ditéma
geulisna lir widadari (Janwari)

Di Cikajang aya gunung
asa paturay jasmani (Cikuray)

Dudukuy panjang gagangna
pikir bati ngalanglayung (payung)

Ékék lembut pupuntiran
tingsérédét kana ati (cécéndét)

Engkang téh ngajukut laut
seger mun tepung jeung nyai (ager)

Gamparan mah sangu atah
keur ménak kawuwuh sugih (gigih)

Gedong luhur panénjoan
narah keur saheulaanan (munara)

Gedong ngambang tengah laut
ulah kapalang nya béla. (kapal)

Hayam cempa lalayaran
matak teuing nyeri ati (meri)

Hui bulu réa akar
bongan sok rayungan teuing (kamayung)

Imah ngambang di sagara
ulah kapalang nya bela (kapal)

Insuting ngadaun luhur
ari ras ka diri abdi (kararas)

Jagong tuhur beunang ngunun
dunungan bagéa sumping (emping)

Jampana bugang dadakan
panasaran diri kuring (pasaran)

Kacang panjang disayuran
bati ngageremet ati (gemet)

Kacang jangkung leutik daun
engkang mah satria raris (hiris)

Kadeuleu langir caina
kayap-keyep anu geulis (keuyeup)

Kalong leutik saba gedang
sumedot rasaning ati (cocodot)

Kebon paré dicaian
siwah niat jalir jangji (sawah)

Kembang bodas buah bunder
ngaheruk nya pipikiran (jeruk)

Kendang gedé pakauman
dagdigdug rasaning ati (bedug)

Ketuk leutik panayagan
ka abdi mah ningnang teuing (bonang)

Koja awi dihuaan sageuy
lamun teu kasorang (korang)

Kota kuloneun Lampegan
purah-purah tunggu bumi (suka bumi)

Laleur hideung panyeureudan
ngilari sakolong langit (reungit)

Lamun kapalupuh nangtung
lamun jadi kapimilik (bilik)

Langgir cai leumpang ngijing
kadeuleu kayap-keyepna (keuyeup)

Manuk hawuk beureum suku
katingal keur imut leutik (galatik)

Manuk lisung anu jalu
dagoan di pasampangan (jago)

Manuk tukung saba gunung
uyuhan daék ka abdi (puyuh)

Méga beureum surupna geus burit
ngalanglayun panas pipikiran (layung)

Mencek leutik saba alas
abdi daék ngaréncangan (peucang)

Monyét hideung sisi leuweung
susah nu taya tungtungna (lutung)

Mun jagan kadadar tipung
upami kagungan rabi (surabi)

Nu dahar taya sésanangan
asa dipoyok badis (ledis)

Nu nutu miceun huutna
mun awon moal ditampi (napi)

Nya hujan taya eureuna
abdi mah kalangkung ajrih (ngijih)

Nyiar paré tutukeuran
teu pantes hayang ka abdi (nguyang)

Nyiruan genténg cangkéngna
masing mindeng pulang anting (papanting)

Péso pangot ninggang lontar
acan katuliskeun diri (nulis)

Péso raut Cibarusa
sugan welas ka nu miskin (sekin)

Teu beunang dirangkong kolong
teu beunang dipikahayang (hayam)

Teu beunang disihung tipung
teu beunang dipapagonan (sasagon)

Teu beunang disitu lembur
teu beunang diulah-ulah (kulah)

Sangrayan peupeus meueusan
ulah jadi rengat galih (rengat)

Teu beunang dipiring leutik
teu beunang dipikaisin (pisin)

Teu beunang diopak kembung
teu beunang dientong-entong (kolontong)

Teu beunang disupa dulang
teu beunang dibébénjokeun (kéjo)

Teu beunang ditihang pondok
teu beunang dideudeuleukeun (deudeul)

Teu beunang diwaru leuweung
teu beunang diboro-boro (bisoro)

Walanda hideung soldadu
umambon engkang ka nyai urang (Ambon)

Artikel keren lainnya:

5 Tanggapan untuk "Pengertian Wawangsalan Bahasa Sunda Dan Contohnya"

Dilarang membagikan link judi, pornografi, narkoba, dan kekerasan. Terimakasih.