Home · Parenting · Konseling · Blogging · Tips · Daftar Isi

Contoh Pantun Bahasa Sunda (Sisindiran) Yang Lucu dan Gokil

Wilujeng patepang deui sareng pribados!
Banyak sekali pantun bahasa Sunda atau dalam bahasa Sunda disebut dengan sisindiran. Salah satu tema yang banyak dibahas adalah tentang kelucuan dan keluguan orang Sunda. Biar kita gak ruwet dengan memikirkan masalah hidup, mending baca aja sisindiran di bawah ini dizamin senyum sendiri. 

Manga para wargi:

Kacikadu Pamipiran
ka Cipadang ka kersamanah
Hayu Urang Sisisndiran
pangbeberah kana manah

Meuli jagong keur japati
jagongna teh di awurkeun
Eta beungeut jiga peti
Anu erek di kuburkeun

si abah bade ka cai
mawa odol mawa anduk
ulah tanggah na tangkal kai
bisi kapodolan manuk

Kaso ponok kaso panjang
kaso ngaroyom ka jalan
kumis pondok jangot panjang
siga embe nu di jualan

Di arab mah seeur onta
Onta na teh mawa keusik
cenah mah pejuang cinta
Mun ditolak langsung ceurik

Pucuk tiwu akar bangban
amis mata disusukan
Mun rék milu geuwat dangdan
cimata geura susutan

Caang bulan opat belas
teu kaduga ku poékna
Aya bujang baju bodas
teu kaduga ku korétna

Cau naon cau naon
cau kulutuk di juru
Bau naon bau naon
bau nu hitut di juru

Ki Hiang nu meunang nuar
disugu pikeun jualeun
Kahayang meunang nu beunghar
puguh mah jalma kuuleun

Manuk gaak macok kupat
kecok deui kecok deui
Diwedak reujeung disipat
dekok deui dekok deui

Pa Suma gawéna dahar
mun bedug bakal ditéwak
Percuma dibéré beunghar
mun budug saawak-awak

Pipiti dibunga wari
téténong dibobokoan
Lalaki jaman kiwari
hadé omong pangoloan

Sada ketuk sada kenong
sada suling eujeung goong
Huntuna nyénghol katémbong
lamun ngomong bau jigong

Ulah hayang mawa panci
mawa panci rejeung cai
ulah hayang ka lalaki
ka lalaki nu tara mandi

Samangka siki samangka
kacapiring kai kopi
teusangka geuning teusangka
taya kuring mani sepi

Tangkal kangkung daun manggu
di korangan jeung sarikaya
kirang langkung tos saminggu
teu nepangan ka baraya

Bieu saha anu ka lebak
bajuna mani kuleuheu
ieu saha nu acan ibak
bauna dugi ka dieu

Samangka siki samangka
cangkaléng mawa ti Serpong
teu sangka geuning teu sangka
si néng waosna ompong

Piring héjo wadah kuya
boros huni jeung katapang
kuring sono ka baraya
nu tos lami teu patepang

Hangasa johar jeung hui
nyikat geutah urut si Anya
teu karasa geus lohor deui
bakat betah hirup di dunya

Mulung baju anu kumel
hanjuang seureuh diala
kanu nuju barangdamel
hayu urang reureuh heula

Nyepeng piring naha tibalik
saga nu doyong kahujanan
meungpeung kuring boga milik
saha nu hoyong dijajanan

Mani caang bulan purnama
Gedena sagede ban kapal
Kahayang jadi sarjana
Raraban teu apal apal

cau kepok keur rumégang
dieunteupan bondol héjo
keur dekok katambah égang
ditambahan olol lého

Artikel keren lainnya:

Belum ada tanggapan untuk "Contoh Pantun Bahasa Sunda (Sisindiran) Yang Lucu dan Gokil"

Post a Comment

Dilarang membagikan link judi, pornografi, narkoba, dan kekerasan. Terimakasih.