Home · Parenting · Konseling · Blogging · Tips · Daftar Isi

Tebak-tebakan Bahasa Sunda (Tatarucingan) Lengkap Dengan Jawabannya

Sampurasun sadayana! Kumaha damang?
Orang Sunda senang sekali dengan yang namanya tebak-tebakan atau dalam bahasa Sunda disebut tatarucingan. Nah yang pengen referensi untuk soal tebak-tebakan dan jawabannya dalam bahasa Sunda, berikut ada beberapa contohnya.

S: Di tengah pasar aya naon?
J: aya huruf “S”

S: Luhureun i mah aya naon?
J : Luhureun i mah aya titik

S: Bahasa arab na kopeah ?
J: Wadah hulu

S: Bumbu dapur anu sahuruf naon ?
J: U yah

S: Sato Naon anu sahuruf  ?
J: I kan

S: Di paraban kalah beugang ?
J: Batu asahan

S: Perdana mentri jepang anu lahirna di jayapura ?
J: Kurasa takada

S: Ari nakol bedug aya sabaraha warna?
J: Tilu warna (ti luarna)

S: Kaca naon anu matak ngabeuratkeun?
J: Kacalikan gajah

S: Peuting asak, lamun beurang atah?
J: Lampu bohlam

S: Minyak naon anu rame pisan?
J: Minyaksikan sepak bola

S: Akar di luar tangkalna di jero?
J : jenggot

S: Kaluarna laun, asupna tarik?
J : leho

S: Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja?
J: Ganas/Danas

S: Dicabak aya, dilieuk euweuh?
J : Ceuli

S: Ditakol nyendol, teu ditakol nyendol?
J : Goong

S: Oray hejo panonna loba?
J : Peuteuy

S: Nini bongkok kumaha sarena?
J: Peureum

S: Didengkangkakkeun, diangkat terus diasupkeun?
J : Kacamata

S: Jam naon anu bisa nembang?
J : Jamrud

S: Baso dibalikkeun jadi naon?
J: Bahe

S: Sapi naon anu bau?
J: Sapiteng

S: Pang nyeubutkeun lima macam ngaran buah-buahan tapi kudu sakali kecap ?
J: Rujak

S: Di asupkeun kalah kaluar ?
J: Kancing

S: Asup tina beuteung, kaluar tina tongong ?
J: Tai sugu

S: Piring naon anu bisa nempo bulan pas peuting?
J : Piring bolong

S: Hayam rintit nonggeng ka langit?
J: Ganas/danas

S: Dibuka bajuna terus diasupkeun?
J: Dahar cau

S: Dibuka bajuna, dibawa kanu poek, terus jadina melendung?
J: Dahar permen karet

S: Dikocok, dipencet terus kaluar nu bodas?
J: Tip ex

S: Budak leutik ngambay peujit?
J: Jarum jeng bola

S: Dahareun anu daharna kudu hiji-hiji?
J: Tek wan (take one)

S: Nagara naon anu sepi?
J: Kuwait (quite)

S: Nagara naon anu dua huruf?
J: U Ganda (UU)

S: Sato naon anu dua huruf?
J: U dan G

S: Dieusian ngahampangan?
J: Balon

S: Tukang naon digeroan kalah lumpat?
J: Tukang maling

S: Tukang naon digeroan kalah naek?
J: Tukang gali sumur

S: Turun 4, naek jadi 3?
J: Ngubur mayit

S: Sato naon anu pang leutikna saalam dunya?
J: Cacing cacingan

S: Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon?
J: Minumpas kejahatan.

S: Petina hiji, mayitna loba?
J: Korek api

S: Kaca naon anu nyeri?.
J: Kacabok

S: Kaca naon anu seungit?
J: Kacapiring.

S: Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?.
J: Kutu

S: Sato naon anu sirahna dina suku, jangjangna dina suku, beuteungna ge dina suku?
J: Manuk katincak

S: Kapas  sakilo, batu  sakilo, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri nu mana?
J: Nyeri suku

S: Ku naon tukang baso nakolan mangkok?
J: Ku sendok

S: Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh?
J: Keretas

S: Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud.?
J: Obat nyamuk

S: Sukuna hiji, panonna tilu?
J: Lampu setopan

S: Ka handap muka ka luhur nutup?
J: Seleting

S: Maju eleh, mundur meunang?
J: Nu keur lomba tarik tambang

S: Lamun bodas disebut kotor, lamun hideung disbut bersih?
J: Bor/Papan tulis hideung

S: Kalong naon anu pinter maen bal?
J: Kalonggak beckham ya…Del Piero

S: Bisa naek teu bisa turun?
J: Haji

S: Bisa turun teu bisa naek?
J: Hujan

S: Kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina?
J: Kasur ini rusak

S: Gajah naon anu sukuna dua?
J: Gajah nu keur keprok

S: Disebut sakali jauh, disebut dua kali deukeut?
J: Langit

S: Hurup naon anu ngeunah?.
J: Nya T

S: Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna?
J: Sabab sieun S-na leeh kapanasan

S: Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah?
J: Setandar

S: Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani?
J: Bebegig

S: Kasur naon anu matak nyeri?
J: Kasura

S: Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
J: Tinggal turunna

S: Pare naon anu teu ngeunah?
J: Parea-rea omong

S: Jalma meuli kasur keur naon?
J: Keur beunta

S: Hayam naon anu sok diteangan ku jelema?
J: Hayam leungit

S: Naon miripna onta jeung jengkol?
J: Onta mah di Arab, kangkung mah diurab.

S: Tukang naon anu teu bisa ngitung?
J: Tukang poto, ditanya  3x4 sabaraha? Jawabanna  2000.

S: Sato naon anu pangharam-haramna?
J: Anak bagong euweuh bapaan

S: Rancung lain landak, hejo lain tentara?
J: Kaktus

--------------
Mangga, yang punya tebak-tebakan bahasa Sunda selain yang saya posting silakan tanyakan di kolom komentar. Nanti saya jawab!

Artikel keren lainnya:

23 Tanggapan untuk "Tebak-tebakan Bahasa Sunda (Tatarucingan) Lengkap Dengan Jawabannya"

  1. Jadi ingat masa-masa kecil dulu.

    Silakan mampir ke blog kami: ANEKA CARA BLOG

    Terima kasih.

    ReplyDelete
  2. Bagus banget...perbanyak lagi

    ReplyDelete
  3. Bisaan siabang. Nanti untuk tebak2an di kelas sama anak2

    ReplyDelete
  4. Sae yeuh, lucu

    ReplyDelete
  5. Pm lengeng bade reques :
    Dongeng sunda buhun(sirawing/sibuntung jaago tutugan)

    ReplyDelete
  6. sato naon nu beheung na dina suku beteung na dina suku jeung buntutna dina suku

    ReplyDelete
  7. Tatarucingan
    Aya budak di sunatan
    Pertanyaana
    Kunaon disunatan?
    Dimana disunatana ?
    Dua pertanyaan tapi jawabana hiji ( sakalimat)
    Cing saha nu bisa ngajawab

    ReplyDelete
  8. budak letik ngagusur batok?

    ReplyDelete

Dilarang membagikan link judi, pornografi, narkoba, dan kekerasan. Terimakasih.