Home · Parenting · Konseling · Blogging · Tips · Daftar Isi

Teks Lirik Saweran Sunda Untuk Khitan

Teks saweran sunat | Lirik sawer khitan
Khitan (sunat) dalam bahasa Sunda disebut dengan nyepitan atau ngeuerut untuk anak laki-laki dan disebut gusaran untuk anak perempuan. Biasanya dalam tradisi adat Sunda ada sawer ketika hajat khitanan atau gusaran. Fungsi sawer adalah sebagai nasihat atau wejangan bagi anak yang dikhitan dan juga bagi kedua orang tuanya.
Khitan Vektor
Berikut contoh teks untuk saweran pengantin sunat dalam bahasa Sunda. Semoga bermnafaat:

Kalayan asma Pangéran
Nu Maha Asih tur Héman
ayeuna badé ngawitan
nyawér anu disepitan

Sami-sami ngahadiran
muga-muga janten jalan
mukakeun jalan pikiran
hingga caang narawangan

Para sadérék sadaya
istri-pameget nu mulya
nyepitan jiga teu pira
loba jalma nu mokaha

Padahal mun dilenyepan
ku pikiran anu tenang
ieu téh tos janten korban
kuat nahan ti Pangéran

Ibuna sareng ramana
nyaahna kabina-bina
ka anu janten putrana
dijaga sapapanjangna 

Ti barang gubrag ka dunya
dipangga didama-dama
diperhatikeun biangna
dijaga sapapanjangna

Mun reungit euntreup ka budak
énggal ibu gugah cengkat
reungit énggalna ditepak
bari diusap ku wedak

Sang ibu tibra kulemna
budak nangis ngagandéngan
énggal dirampa putrana
da bisi baseuh imbitna

Mun baseuh énggal diganti
ku nu garing ati-ati
tos bérés disimpen deui
kana tempat anu tadi

Ningal kanyaah ibuna
ka putra nu saéstuna
nya kitu deui ramana
sami-sami euweuh béntenna

Barang nincak dua taun
malar ibu ramana bingung
hariwangna teu kalangkung
soalna parantos umum

Budak kedah disepitan
bari hajat sukan-sukan
sakapeung sok raraméan
pésta bari peupeuncitan

Sanajan anu teu boga
tapi sok saaya-aya
dahar ngumpul jeung baraya
ngondangan para tatangga

Putra anu dipusti-pusti
anak lalaki ngan hiji
dipotong harita pasti
motongna manggil paraji

Budak ceurik jejeritan
nyerieun antep-antepan
getih banjir na lahunan
ngan saukur diupahan

Ibu-rama ngawas-ngawas
ka putra anu dipiwelas
harita dugi ka iklas
henteu risi henteu reuwas

Nu puguh mah sabalikna
bungahna kabina-bina
lantaran atos laksana
nyunat nu janten putrana

cobi ayeuna lenyepan
ku kaom nu ngaku Islam
nu parantos disepitan
nganggo pésta sukan-sukan

Maké jeung ungked-ungkedan
samak hayoh diciuman
da ganjaran pamohalan
ngagubrag kana lahunan

Hirup mah cenah da gampang
entong maké halal haram
nu datangna sambarangan
ngahalangan kamajuan

Agama dianggap satru
sabab ngahalangan napsu
nu jahat ngalajur napsu
taya bédana jeung asu

Asal dahar jeung pakéan
nu jadi poko pikiran
hirup henteu jeung aturan
sungkan di hukum ugeran

Rarasaan téh rék lana
hirup bakal salawasna
hirup mo aya tungtungna
padahal aya anggeusna

Singhoréng téh geuning awak
lamun ningal eunteung nyeblak
reuwas haté geuning ruksak
padahal teu ningal wedak

Dihantem diawas-awas
rambut hideung jadi bodas
waos anu bodas nyacas
sadayana ogé laas

Kulit nu héjo carulang
naha ayeuna bet belang
kokoloteun narumpangan
dina raray ngagaralang

Pangambung kuwung-kuwungan
bet jiga nu ngarényohan
panangan kaya gondéwa
ayeuna teu walakaya

Soca nu cureuleuk méncrang
ayeuna cahyana kurang
ningal ogé ramang-ramang
siga aya nu ngahalangan

Para sadérék miarsa
mun enya urang kawasa
pasti moal péot bisa
nu datangna teu karasa

Najan dokter tur Éropa
teu sanggup nambahan nyawa
sangkan hirup urang lana
di dunya sakawasana

Najan tukang jamu wétan
bari nambah kakuatan
malihara kangoraan
ahirna mah kawalahan

Sabab umurna ngolotan
panyakit bet dararatang
boson bésér batuk rejang
badan kurang kakuatan

Teu cara waktu keur ngora
tihothat néangan dunya
Sieun hirup henteu lana
poho ka anu Kawasa

Padahal waktu tipuan
ka urang teu ngabélaan
najan urang jejeritan
dina waktu moal datang

Gedong sawah jeung tegalan
ngan ukur ngaléléwéan
urang balik ngan sorangan
euweuh nu ngabaturan

Carogé anu micinta
ngan ukur hujan cimata
indung-bapa sareng putra
euweuh nu miroséa

Ngan amal anu nuturkeun
henteu daék ditinggalkeun
nu saéna pibatureun
nu salahna nyilakakeun

Tah ieu sawér nyepitan
muga ngajantenkeun jalan
ka anu geus jaranggotan
pamugi ulah élodan

Jeung urang téh tos disunat
ibu rama atos hajat
kawin gé maca sahadat
ana kitu kadé lepat

Éta téh papgon Islam
nyata hukum ti Pangéran
kari-kari dipilihan
néangan nu hampang gampang

Mun kitu taya gunana
sunatna jeung sahadatna
malahan tambah dosana
Islam sakadar ngaranna

Panutup urang ngado'a
ka Pangéran anu Mulya
murangkalih sing waluya
dirahmat ku Nu Kawasa

Sing janten hiji pamuda
pamuda harepan bangsa

Artikel keren lainnya:

Belum ada tanggapan untuk "Teks Lirik Saweran Sunda Untuk Khitan"

Post a Comment

Dilarang membagikan link judi, pornografi, narkoba, dan kekerasan. Terimakasih.