Home · Parenting · Konseling · Blogging · Tips · Daftar Isi

Nadzom Pelajaran Fikih Bahasa Sunda

Nadzom Sunda Pelajaran Fikih Lengkap
Syiir Fikih Sunda
بسم الله الرحمٰن الرحيم
SYIIR DURUSUL FIKHIYAH KU BASA SUNDA
Ari puji nu sampurna eta tetep * Kagungan Allah nu kapersifat lengkep
Rohmat Allah mugi tetep sareng salam * Di jeng Nabi Muhammad mustika 'alam
Wa ba'duhu iyeu anu dinadzomkeun * Kitab fiqih ngarah resep ngarapalkeun
Mugi iyeu nadzom sing manfa'at gede * Ka nu ngaos ka lalaki ka awewe
 
FASHAL MERTELAKEUN CAI
Sakur cai bijil ti bumi ti langit * Meunang dipake susuci najan pait
Kaya ibun cilaut sumur wahangan * Hujan buah ciburial jeung cihujan
Anging lamun eta cai geus dipake * Miceun najis hadats leutik hadats gede
Maka eta suci tapi teu nyucikeun * Mun teu robah ku najis anu dipiceun
Deui cai robah sabab kacampuran * Barang suci kaya cai dientehan
Henteu jadi naon-naon cai robah * Sebab cicing atawa kayu di kulah
Ari cai saeutik mun kanajisan * Jadi najis najan teu robah teu naon
Sejen lamun cai gede kanajisan * Mun teu robah eta teu jadi halangan
Ari cai kapanasan mata poe * Eta makruh kana salira teu sae
Makruh soteh mun cai na masih panas * Dina wadah nu dipalu lian emas
Deui makruh cai kacida panasna * Cara makruh cai kacida tiisna
Ngaran cai saeutik nu henteu aya * Tila ratus puncul lima kati jawa
Lamun cukup beurat tilu ratus lima * Disebut na cai gede ku Ulama
Lamun wadah pasagi saasta leuwih * Saparapat eta cai gede deuih
 
FASAL MERTELAKEUN NAJIS
Sakur 'ain bijil tina qubul dubur * Eta najis lian mani nu ditutur
Anjing babi arak bangke getih nanah * Bulu bangke tulang ceker na jeung utah
Anging bangke jalma simeut lauk cai * Eta tilu rupa bangke tetep suci
Ari reuhak ciduh leho korong cileuh * Eta lain najis tapi barang geuleuh
Anggahota pisah tina sasatoan * Anu hirup hukum bangke sato hewan
Anging bulu sato hewan nu didahar * Jeung ciduh na kesang kasturi teu samar
 
FASAL NGABERSIHKEUN ANU NAJIS
Suci lamun jadi cuka eta arak * Ku sorangan najan dipoe ngagolak
Ari ngumbah najis anjing sareng babi * Tujuh kali make taneuh nu sakali
Ari najis salian anjing jeung babi * Lamun leungit 'ain cukup ku sakali
Tapi utama na ngumbah tilu kali * Najan najis leungit ku ngumbah mimiti
Ari kulit bangke lian anjing babi * Ku disamak eta kulit jadi suci
Ari nanah cenang bisul getih raheut * Dihampura mun saeutik dina sholat
Deui dihampura najis leutik pisan * Teu katingal ku tingali pertengahan
Ari ci kiih budak lalaki anu * Acan umur dua taun ti ngajuru
Sareng acan barang dahar lian susu * Cukup dikepretan cai tempat itu
Ari najis hukum cukup ku sakali * Ngaliwatkeun cai kana tempat tad
 
FASAL MERTELAKEUN FARDHU WUDHU
Fardhu wudhu aya genep sadayana * Hiji niat kadua ngumbah beungeut na
Tilu ngumbah leungeun dua jeung sikut na * Opat ngusap saeutik tina sirah na
Lima ngumbah dua suku neupi kana * Mumuncangan tartib rukun ka genepna
 
FASAL MERTELAKEUN NU NGABATALKEUN KANA WUDHU
Opat rupa ngabatalkeun kana wudhu * Coba bilang ku maneh ulah kaliru
Hiji nu kaluar ti salasahiji * Qubul dubur naon bae lian mani
Kaduana leungit akal sabab edan * Sabab weureu sare sakalor jeung ayan
Angin jalma sare nu rapet biritna * Kana tempat diuk teu batal wudhuna
Katiluna paantel kulit awewe * Jeung lalaki duanana pada gede
Batal soteh antel jeung lain mahrom na * Serta teu make hahalang antarana
Ka opatna nyabak qubul sareng dubur * Bangsa jalma ku dampal leungeun dilager
 
FASAL MERTELAKEUN FARDHU ADUS
Fardhu adus aya dua masing awas * Hiji niat dina hate masing awas
Dua ngaratakeun cai kana badan * Anu dzhohir sareng buuk walatraan
 
FASAL ANU NGAWAJIBKEUN KANA ADUS
Ari syarat wudhu sareng syarat mandi * Eta aya sapuluh teu kirang deui
Hiji islam dua tamyiz tilu suci * Tina nifas sareng hedh mungguh di istri
Opat ulah aya barang any nyegah * Datang cai kana kulit kaya geutah
Lima ulah aya barang nu ngarobah * Kana cai dina tempat nu dikumbah
Genep nyaho kana kafardhuanana * tujuh ulah nekadkeun sunnah ngumbahna
Kadalapan cai na anu nyucikeun * sareng anu dua deui ditangtukeun
Di jalma nu langgeng hadats eta tangtu * hiji tuluy-tuluy dua manjing waktu
 
FASAL MERTELAKEUN PAHARAMAN KA JALMA BOGA HADTAS LEUTIK HADATS GEDE
Saha jalma batal wudhu maka haram * opat rupa hiji sholat coba faham
Dua thowaf katiluna nyabak qurãn * njan tulisan sa ayat dina papan
Opat mawa qurãn anging diweunangan * dina barang ulah niat mawa qurãn
Haram ka jalma nu junub genep rupa * ari anu opat tadi jangan lupa
Lima cicing di masjid anging di pipir * genep maca qurãan anging niat dzikir
Ari paharaman sabab hedh jeung nifas * sapuluh genep nu tadi jangan was-was
Tujuh puasa jeung tholaq ka dalapan * ari ngaliwat ka masjid ka salapan
Haram liwat lamun geutih sieun ngecret * ukur makruh lamun aman urat aret
Sapuluh dialap suka antarana * tuur bujal najan teu aya syahwatna
 
FASAL MERTELAKEUN HAIDH JEUNG NIFAS
Ari kadar haidh anu pang saeutikna * kadar sapoe sapeuting kaluarna
Ari gholibna genep atawa tujuh * najan kaluarna getih henteu puguh
Lima belas dinten jaman pang seueurna * najan sajam unggal dinten kaluarna
Suci antara dua hedh saeutikna * lima belas dinten sinareng wengina
Ari dua puluh tilu atanapi * dua puluh opat gholibna di istri
Ari seueurna suci teu dianggeran * sok aya istri saumur teu kotoran
Lamun datang haidh sanggeus manjing waktu * anu mahi keur sholat nu boga waktu
Halna tacan sholat dina waktu eta * maka wajib qodho sholat nu harita
Lamun leungit man'i maka wajib mandi * najan tacan nepi kana gholib suci
Lamun waktu aya keneh terus sholat * mun teu aya terus qodho kade lepat
Najan eta waktu sholat ngan sakadar * zaman takbirotul ihrom teu ditilar
Serta wàjib qodho anu samemehna * sholat waktu anu meunang dijam'ana
Kaya suci waktu 'isya sareng 'ashar * maka wajib qodho maghrib sareng dzuhur
Ari salian ti eta kaya suci * waktu subuh qodho subuh bae hiji
Ari saeutikna kàdar zaman nifas * eta sakecretan geutih henteu teras
Ari gholib nifas opat puluh dinten * pang seueurna zaman genep puluh dinten
 
FASAL MERTELAKEUN SYARAT WAJIB SHOLAT
Syarat wajib sholat genep masing apal * Hiji islam dua baligh tilu 'aqal
Opat boga rungu kalima ningali * Genep kadatangan pangajak ti Nabi
 
 
 
FASAL MERTELAKEUN SYARAT SAH SHOLAT
Syarat sah na sholat dalapan perkara * Hiji kudu suci tina hadats dua
Dua suci tina najis dina badan * Dina tempat sareng dina papakean
Tilu nutup 'aurot opat madep qiblat * Lima kudu geus manjing waktuna sholat
Genep nyaho kana kafardhuanana * Tujuh ulah neqodkeun sunnah fardhuna
Kadalapan ngajauhan sakabehna * Nu ngabatalkeun kana sholatna
 
FASAL MERTELAKEUN HADATS
Ari hadats leutik mana-mana barang * Anu ngabatalkeun kana wudhu urang
Ari anu ngawajibkeun kana mandi * Hadats gede jumlah dua sareng tad
 
FASAL MERTELAKEUN 'AUROT
Ari 'aurot lalaki antara tuur * Sareng bujal keur sholat nalika udar
Ari 'aurot awewe anu dibeuli * Dina sholatna 'aurot cara lalaki
'Aurot awewe merdeka dina sholat * Kabeh badan salian leungeun beungeut
Ari luar sholat jeung lalaki sejen * Kabeh badan najan kuku pangeureutan
Ari sareng mahrom sareng pada istri * Antara tuur reujeung bujal hey ki santri
Ari sareng carogena henteu aya * Anu 'Aurot sumangga sadaya-daya
 
FASAL MERTELAKEUN RUKUN SHOLAT
Rukun sholat tujuh belas hiji niat * Dina hate neja fardhu eta sholat
Dua takbirotul ihrom nu katilu * Nangtung ka jalma nu kawasa dina fardhu
Opat maca fatihah kalima ruku' * Genep thumaninah dina waktu ruku'
Tujuh i'itidal dalapan thumaninah * Dina eta i'itidalna masing rineh
Kasalapan sujud dua kasapuluh * Dina eta sujud dua thumaninah
Kasabelas diuk dina antarana * Sujud dua rukun kadua belasna
Thumaninah dina diuk anu tadi * Tilu belas tahiyyat anu pandeuri
Opat belas diuk tahiyyat pandeuri * Lima belas maca sholawat ka Nabi
Genep belas aweh salam nu mimiti * Tujuh belas tartib dina rukun tadi
 
FASAL MERTELAKEUN NIAT
Ari niat eta neja hate urang * Babarengan sareng prakna gawe barang
Ari pangkat niat eta aya tilu * Hiji niat lamun dina sholat fardhu
Maka wajib qoshdu ta'yin sareng fardhu *  Kaya ngucap usholli fardhol maghribi
Lamun sholat dina anu ngabogaan * Waktu sareng sebab wajib qoshdu ta'yin
Lamun dina sunah muthlaq maka wajib * Qoshdu wungkul jabi ti eta teu wajib
 
FASAL MERTELAKEUN TAKBIROTUL IHROM
Syarat takbirotul ihrom eta aya * Genep belas syarat teu kengeng teu aya
Hiji prakna kudu sanggeus nantung bener * Lamun sholat fardhu sareng taya 'udzur
Dua kudu basa arab lamun bisa * Tilu kudu lafadz Allah nu kawasa
Opat kudu lafadz Akbar kalimana * Kudu tartib eta lafadz duanana
Genep ulah panjang hamzah lafadz Allah * "Ba" na lafadz Akbar ulah panjang nu katujuh
Kadalapan "Ba" na ulah ditasydidan * Ulah tambah Wawu eta kasalapan
Antara dua kalimah dua kasapuluh * Ulah nambah Wawu memeh lafadz Allah
Kasabelas ulah eureun antarana * Kalimah Allah sareng lafadz Akbar na
Dua belas sadayana huruf takbir * Sing kadangu ku awak nu boga takbir
Tilu belas kudu sanggeus manjing waktu * Lamun dina sholat nu diwaktu-waktu
Opat belas prakna takbir dina tingkah * Sanggeus urang nyanghareup ka baitulloh
Lima belas ulah ngaruksak aksara * Atawa patukeur deui jeung aksara
Genep belas ari takbirna ma’mum * Eta kudu pandeurieun takbir imam
 
FASAL MERTELAKEUN SYARAT FATIHAH
Syarat fatihah sapuluh sadayana * Hiji tartib tuluy-tuluy kaduana
Katiluna ngaraksa huruf fatihah * Opat ngaraksa tasydidna ulah salah
Kalimana ulah repeh anu lila * Genep ulah repeh anu henteu lila
Anu neja megatkeun bacaanana * Tujuh kudu maca sadaya ayatna
Kadalapan ulah ngarobah aksara * Sareng baris anu matak robah m'ana
Kasalapan macana fatihah kudu * Sanggeus nangtung lamun dina sholat fardhu
Sareng maca sakabeh huruf fatihah * Sing kadenge ku awakna kasapuluh
Sareng ulah kaselang ku dzikir lian * Anging amiin imam anu ngamimitian
 
FASAL MERTELAKEUN TASYDIDNA FATIHAH
Opat belas eta tasydidna fatihah * Hiji luhureun lam na lafadaz bismillah
Dua tilu luhureun ro rohman rohim * Opat luhureun lam na lillaahil 'adzim
Lima luhureun ba na robbil 'alamin * Genep tujuh dina ro na rohman rohim
Luhureun dal yaumiddin kadalapan * Dina iyyaaka n'abudu kasalapan
Dina iyyaaka nasta'in sapuluhna * Dina shirothol mustaqim sabelasna
Opat belas diluhureun lafadz dhollin * Ari ngaji ulah kagembang ku ulin
 
FASAL MERTELAKEUN SYARAT SUJUD
Ari syarat sujud eta aya tujuh * Hiji sujud dina anggahota tujuh
Hiji tarang sareng dampal suku dua * Tuur dua sareng dampal leungeun dua
Kaduana tarang ulah katutupan * Tilu sabeuratna sirah tong ditahan
Kaopatna pangturun na ulah aya * Maksud sejen salian ti sujud tea
Lima ulah sujud kana hiji barang * Anu tepung nu gedag milu jeung urang
Genep birit kudu luhur batan sirah * Katujuhna syarat sujud thumaninah
 
FASAL MERTELAKEUN TASYDIDNA TAHIYYAT
Ari tasydidna tahiyyat nu sampurna * Eta dua puluh hiji sadayana
Ari tasydidna at-tahiyyat eta * Dina luhureun "ya" sareng luhureun "ta"
Sareng luhureun shodna ash-sholawatu * Luhureun "tho" sareng "ya" ath-thoyyibaatu
Lillahi tasydidna dina luhureun lam * Luhureun sin ari dina as-salam
'Alaika ayyuhannabiyyu tasydidna * Luhureun ya enun sareng ya akhirna
Wa rohmatullohi eta luhureun lam * Luhureun sin wa barokatuhus-salam
Sareng luhureun lam na 'ibadillahis- * Sholihina luhureun shod ya akhi
An-laa ilaaha ( ان لآ الٰه ) di luhureun lam alif * Illallohu ( الا الله ) dina lam sareng lam alif
Anna Muhammadar rosulullohi * Luhureun nun emim ro laamillahi
 
FASAL MERTELAKEUN WAKTU SHALAT
Maka wajib dimana geus manjing waktu * Gawe sholat atawa niat nu tangtu
Rek migawe sholat dina jero waktu * Jadi dosa lamun urang henteu kitu
Ari mimitina aya waktu dzuhur * Eta lingsir mata poe anu luhur
Ari akhirna lamun kalangkang urang * Enggeus sarua sareng adegan urang
Ari seep waktu dzuhur maka dongkap * Waktu 'Ashar hingga mata poe surup
Awal maghrib eta surup mata poe * Hingga surup mega beureum anu sae
Seep maghrib dongkap deui waktu 'isya * Hingga surup mega beureum nu biasa
Seep 'isya dongkap deui waktu subuh * Hingga bijil mata poe anu teguh
 
FASAL MERTELAKEUN WAKTU ANU HARAM DIPAKE SHALAT
Haram sholat dina jero lima waktu * Lamun henteu aya sebab anu tangtu
Hiji waktu mata poe keur bijilna * Sahingga sakadar satumbak luhurna
Dua waktu tengah-tengah langit pisan * Salian jum'at hingga mengok ka kulon
Ka tiluna rek surup layung nu sae * Hingga surup pisan eta mata poe
Opat ba'da sholat subuh kalimana * Ba'da sholat 'ashar eta sampurnana
Ari sholat qodho mah taya pamengan * Dina waktu mana najan pasosonten
 
FASAL MERTELAKEUN RUKUN ANU KUDU TUMANINAH
Ari rukun anu kudu thumaninah * Eta opat, hiji ruku ulah salah
Ka duana i'itidal ka tilu dina * Sujud opat dina diuk antarana
 
FASAL MERTELAKEUN ANU NGABATALKEUN SHALAT
Ari anu ngabatalkeun kana sholat * Opat belas, hiji hadats kade lepat
Dua katibanan najin mun teu terus * Diragragkeun tina badan serta mulus
Tilu kabuka 'aurat mun teu ditutup * Buru-buru, opat ngucap dua huruf
Atawa hiji huruf aya hartian * Kaya ngucap samaksud ngagenihan
Batal deui ku ngadehem anging lamun * Aya 'udzur ngunikeun nu jadi rukun
 
Kalimana ngahaja migawe barang * Nu matak batal kana puasa urang
Kagenepna dahar seueur najan lali * Tujuh tilu kali usik nuli-nuli
Kadalapan luncat sareng sabangsana * Kasalapan neunggeul tarik jeung mitsilna
Kasapuluh nambah rukun anu bangsa * Pagawean tur ngahaja teu kapaksa
Kasabelas miheulaan ka imamna * Dua rukun bangsa pagaweanana
Atawa mandeurikeun maneh ti imam * Anging 'udzur teu bisa nuturkeun imam
Dua belas niat megatkeun sholatna * Katilu belas gantung pegat sholatna
Opat belas mider-mider rek megatkeun * Kana sholatna mana nu ditetepkeun
 
FASAL MERTELAKEUN SUNNAH AB’ADH
Ari sunnah ab'adh tujuh sadayana * Hiji tahiyyat awwal, dua lungguhna
Maca sholawat ka Nabi katiluna * Dina jero tahiyyah anu awwalna
Sholawat kaula wargana kaopatna * Dina jero tahiyyat nu pandeurina
Lima maca qunut dina saban dinten * Genep qunut witir saparo romadhon
Tujuh maca sholawat ka Kangjeng Nabi * Dina qunut ka sohabat Kangjeng Nabi
 
FASAL MERTELAKEUN BILANGAN RAKAAT SHALAT NU LIMA WAKTU JEUNG LIANNA
Dina sapoe sapeuting roka'atna * Sholat fardlu tujuh belas sajumlahna
Sareng tilu puluh sujud langkung opat * Jeung salapan puluh takbir langkung opat
Jeung sapuluh salam tahiyyat salapan * Saratus lima puluh tilu tasbehan
Ari rukun dina lima waktu sholat * Dua ratus tilu puluh punjul opat
Ari dzuhur, 'ashar, 'isya bangsa opat * Rukun hiji waktu lima puluh opat
Margi hiji rokaatna dua belas * Rukun anu bulak-balik masing awas
Tambah genep niat takbirotul ihrom * Lungguh akhir tahiyyat sholawat salam
 
FASAL MERTELAKEUN KAWASANA DINA SHALAT
Saha nu teu kawasa kana nangtung * Maka sholat bari diuk sami untung
Lamun teu kawasa diuk maka sholat * Bari ngedeng nyangigir nyanghareup kiblat
Teu kawasa nyangigir nangkarak sholat * Serta kedah ganjel sareng nunjang kiblat
Apes keneh maka sholat ku isyarah * Sareng niat masing lempeng dina manah
Teu kawasa ku isyarah tuluy jalankeun * Rukun sholat dina hate dijentrekeun
Henteu dihampura jalma tinggal sholat * Satungtung akalna bener masih inget
 
FASAL MERTELAKEUN RUPA-RUPA NU DITINGGALKEUN DINA SHALAT
Tilu rupa ditinggalkeun dina sholat * Hiji fardlu dua sunnah jeung haiat
Lamun ninggal hiji fardlu najan lali * Eta henteu katambal ku sujud sahwi
Lamun deukeut keneh wajib balik deui * Kana fardlu make tambah sujud sahwi
Ari sunnah entong balik sanggeus urang * Gawe fardlu tapi sujud nambal kurang
Ari sunnah haiat henteu kitu kiyeu * Entong sujud entong balik kanu biyeu
Saha anu mang-mang dina rokaatna * Kudu nyokot bilangan pangsaeutikna
Pami subuh asa dua asa hiji * Wajib nambah serta sunnah sujud sahwi
 
FASAL MERTELAKEUN PAMAKRUHAN SHALAT
Seueur pisan pamakruhan dina sholat * Sawarehna ngalieuk teu aya hajat
Kaya ngalieuk barangna bisi leungit * Serta makruh keur sholat nenggak ka langit
Malihan dawuhan mutawali * Ngalieuk teh haram sareng hulaimi
Sareng numutkeun qoulna syekh adzro'i * Tanggah ka luhurge haram cara tadi
Makruh deui ku panon mere isyarat * Atawa ku biwir lamun taya hajat
Sareng bedas dina tempat anu kendor * Sareng sabalikna lamun taya 'udzur
Sareng makruh nulak cangkeng taya 'udzur * Margi eta kalakuan nu takabbur
Sareng makruh sholat gancang purat-perot * Rukun oge ampir aya nu kaliwat
Sareng makruh peureum mun inggis cilaka * Henteu makruh mun teu inggis aya bahla
Tapi lamun aya gambar dina tempat * Pangsholatan eta peureum jadi sunnat
Dina ruku dina sujud makruh deui * Rapet beuteung kana pingping di lalaki
Sareng ngarapetkeun peupeuteuyanana * Dina gigir dina ruku jeung sujudna
Sareng makruh lungguh cara anjing diuk * Sareng sujud cara gaok macok lauk
Sujud cara singa depa eta makruh * Sareng dina ruku handap teuing sirah
Sareng makruh manjangkeun tahiyyat awwal * Salian mamum kajeun sholawat ka al (keluarga nabi)
Sareng makruh nyorokkeun ramo leungeun na * Jeung nguyupuk laer teuing disampingna
Sareng makruh nyiduh ka hareupeunana * Jeung katuhu henteu makruh ka kencana
Lamun nyiduh di masjid sing ati-ati * Bisi ngecret kana tempat anu suci
Sareng makruh nekenkeun sabeulah suku * Dina nangtung kenca atawa katuhu
Sareng makruh sholat bari nahan hadats * Kiih ngising atanapi nahan bobos
Sareng makruh mun geus hadir kadaharan * Sareng lapar jeung makruh bubudugulan
Sareng makruh make beubeur dina cangkeng * Anging lamun dipake mageuhan samping
 
BAB SHIYAM
Wajib kanu islam saban-saban taun * Tur mukallaf puasa bulan romadhon
Jadi jumlah syarat wajib shiyam opat * Hiji islam, aqal, baligh sareng kuat
Ari fardlu sareng rukun shiyam opat * Ari rukun kahiji nyaeta niat
Kaduana nangtukeun niat puasa * Saban peuting poe isuk rek puasa
Rek nekanan puasa fardlu romadhon * Atawa nekanan anu dinadzarkeun
Katilu nanahan tina dahar leueut * Tina jima tina utah kade lepat
Opat nyaho mimiti jeung panungtungan * Ulah niat jeung buka satabrang-tabrang
Anu ngabatalkeun puasa sapuluh * Masing apal ngarah jadi jalma teguh
Hiji 'ain anu nepi kana beuteung * Najan leutik sarta dihaja ku urang
Atawa kajero tikoro jeung sirah * Henteu batal neureuy ciduh nu beresih
Jeug teu batal asup 'ain kana beuteung * Teu dihaja atawa dipaksa orang
Jeung teu batal kebul pangayakan tipung * Jeung katalanjuran cai kana irung
Lamun henteu banget dina kekemuna * Sareng ngingsreuk cai kajero irungna
Dua huqnah hartina ngasupken ubar * Tina salah sahijina qubul dubur
Atawa ngasupkeun tungtung ramo kana * Qubul dubur dina waktu istinjana
Dina qodho hajat sareng istinjana * Masing bisa pisan urang ngaraksana
 
BAB HAJJI
Diwajibkeun munggah haji ka baitulloh * Dina saumur sakali kanu mampuh
Maka lamun sanggeus mampuh pot umurna * Maka jadi wajib dihajikeunana
Ari rukun haji lima kade salah * Hiji ihrom kadua wuquf di 'arfah
Rukun katiluna thowaf di baitulloh * Opat sa'i antara shofa jeung marwah
Kalima ngagunting atawa dicukur * Tina rambut sirahna sing loba syukur
Iyeu lima salian wuquf di 'arfah * Tinggal opat jadi rukun tina 'umroh
Iyeu rukun-rukun haji jeung 'umrohna * Eta aya syaratna sareng fardluna
Maka wajib sadayana dihartoskeun * Ku sugerning anu bade ngalampahkeun
Sareng haram kanu ihrom seuseungitan * Sareng haram sirah jenggot diminyakkan
Miceun kuku miceun buuk sareng jim'a * 'Akad nikah sareng muqoddimah jim'a
Sareng moro boboroan tanah darat * Nu didahar henteu haram sato laut
Sareng haram lalaki nutup sirahna * Sareng haram ka istri nutup rarayna
Sareng sarung tangan sareng haram deui * Anu nyarung kaya gamis di lalaki
Maka saha nu migawe paharaman * Maka dosa jeung wajib dikifaratan
Ari jim'a jaba haram ngaruksakeun * Kana haji sareng wajib diqodloan
Saeng wajib dina taun sab'adana * Sareng wajib kifarot gede ngarana
Sareng wajib ihrom haji sareng umroh * Tina miqot sareng nginep muzdalifah
Sareng nginep di mina sareng ngabalang * Jumrotul 'aqobah poenan rayagung
Sareng ngabalang jumroh tiluanana * Dina poe tasyriq jeung thowaf wad'ana
Sareng haram boboroan tanah haram * Sareng jujukutanana kanu ihrom
Sareng kanu henteu ihrom oge haram * Jukutna jeung boboroan tanah haram
Sareng tambah mun ganggu di tanah mekah * Kana boroan jeung jukut wajib fidyah
Lamun urang rek migawe hiji barang * Wajibkeun ilmuna heula masing terang
Sabab gusti Alloh  ngawajibkeunana * Eta pasti ngawengku syarat rukunna
Sareng wajib marentah sareng mernahkeun * Ka jalma nu ninggal syarat sareng rukun
Lamun teu jadi fitnah wajib maksana * Lamun mantak fitnah wajib ngainkarna
Sareng disyaratkeun sadayana amal * Kedah ikhlas kerna Alloh 'Azza wa Jal
Sareng kadaharan urang kedah halal * Sareng panganggona mun teu kitu gagal
Sareng wajib sadayana ngaraksa * Anggahota urang tina lampah dosa
Margi agama teh dua kalakuan * Hiji tho'at dua nyinggahan cegahan
Sakieu ge ilmu fiqih atos cekap * Pikeun jalma ibadahna rada handap
Sapertos jisim abdi anu dlo'if * Anu pamendakna sakalangkung la'if
_____________________
Mugi-mugi Gusti Allah ngahampura * Ka guru sim abdi nu mulih ngumbara
Samulihna ti dunya ka rohmatillah * Mugi dijembarkeun tempatna nu indah
Khususna mah kanu kagungan karangan * Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman

Artikel keren lainnya:

Belum ada tanggapan untuk "Nadzom Pelajaran Fikih Bahasa Sunda"

Post a Comment

Dilarang membagikan link judi, pornografi, narkoba, dan kekerasan. Terimakasih.