Nadzom Sunda Pelajaran Fikih
Lengkap
 |
| Syiir Fikih Sunda |
SYIIR DURUSUL FIKHIYAH KU BASA SUNDA
Ari puji nu sampurna eta tetep *
Kagungan Allah nu kapersifat lengkep
Rohmat Allah mugi tetep sareng
salam * Di jeng Nabi Muhammad mustika 'alam
Wa ba'duhu iyeu anu dinadzomkeun
* Kitab fiqih ngarah resep ngarapalkeun
Mugi iyeu nadzom sing manfa'at
gede * Ka nu ngaos ka lalaki ka awewe
FASHAL MERTELAKEUN CAI
Sakur cai bijil ti bumi ti langit
* Meunang dipake susuci najan pait
Kaya ibun cilaut sumur wahangan *
Hujan buah ciburial jeung cihujan
Anging lamun eta cai geus dipake
* Miceun najis hadats leutik hadats gede
Maka eta suci tapi teu nyucikeun
* Mun teu robah ku najis anu dipiceun
Deui cai robah sabab kacampuran *
Barang suci kaya cai dientehan
Henteu jadi naon-naon cai robah *
Sebab cicing atawa kayu di kulah
Ari cai saeutik mun kanajisan *
Jadi najis najan teu robah teu naon
Sejen lamun cai gede kanajisan *
Mun teu robah eta teu jadi halangan
Ari cai kapanasan mata poe * Eta
makruh kana salira teu sae
Makruh soteh mun cai na masih
panas * Dina wadah nu dipalu lian emas
Deui makruh cai kacida panasna *
Cara makruh cai kacida tiisna
Ngaran cai saeutik nu henteu aya
* Tila ratus puncul lima kati jawa
Lamun cukup beurat tilu ratus
lima * Disebut na cai gede ku Ulama
Lamun wadah pasagi saasta leuwih
* Saparapat eta cai gede deuih
FASAL MERTELAKEUN NAJIS
Sakur 'ain bijil tina qubul dubur
* Eta najis lian mani nu ditutur
Anjing babi arak bangke getih
nanah * Bulu bangke tulang ceker na jeung utah
Anging bangke jalma simeut lauk
cai * Eta tilu rupa bangke tetep suci
Ari reuhak ciduh leho korong
cileuh * Eta lain najis tapi barang geuleuh
Anggahota pisah tina sasatoan *
Anu hirup hukum bangke sato hewan
Anging bulu sato hewan nu didahar
* Jeung ciduh na kesang kasturi teu samar
FASAL NGABERSIHKEUN ANU NAJIS
Suci lamun jadi cuka eta arak *
Ku sorangan najan dipoe ngagolak
Ari ngumbah najis anjing sareng
babi * Tujuh kali make taneuh nu sakali
Ari najis salian anjing jeung
babi * Lamun leungit 'ain cukup ku sakali
Tapi utama na ngumbah tilu kali *
Najan najis leungit ku ngumbah mimiti
Ari kulit bangke lian anjing babi
* Ku disamak eta kulit jadi suci
Ari nanah cenang bisul getih
raheut * Dihampura mun saeutik dina sholat
Deui dihampura najis leutik pisan
* Teu katingal ku tingali pertengahan
Ari ci kiih budak lalaki anu *
Acan umur dua taun ti ngajuru
Sareng acan barang dahar lian
susu * Cukup dikepretan cai tempat itu
Ari najis hukum cukup ku sakali *
Ngaliwatkeun cai kana tempat tad
FASAL MERTELAKEUN FARDHU WUDHU
Fardhu wudhu aya genep sadayana *
Hiji niat kadua ngumbah beungeut na
Tilu ngumbah leungeun dua jeung
sikut na * Opat ngusap saeutik tina sirah na
Lima ngumbah dua suku neupi kana
* Mumuncangan tartib rukun ka genepna
FASAL MERTELAKEUN NU NGABATALKEUN
KANA WUDHU
Opat rupa ngabatalkeun kana wudhu
* Coba bilang ku maneh ulah kaliru
Hiji nu kaluar ti salasahiji *
Qubul dubur naon bae lian mani
Kaduana leungit akal sabab edan *
Sabab weureu sare sakalor jeung ayan
Angin jalma sare nu rapet biritna
* Kana tempat diuk teu batal wudhuna
Katiluna paantel kulit awewe *
Jeung lalaki duanana pada gede
Batal soteh antel jeung lain
mahrom na * Serta teu make hahalang antarana
Ka opatna nyabak qubul sareng
dubur * Bangsa jalma ku dampal leungeun dilager
FASAL MERTELAKEUN FARDHU ADUS
Fardhu adus aya dua masing awas *
Hiji niat dina hate masing awas
Dua ngaratakeun cai kana badan *
Anu dzhohir sareng buuk walatraan
FASAL ANU NGAWAJIBKEUN KANA ADUS
Ari syarat wudhu sareng syarat
mandi * Eta aya sapuluh teu kirang deui
Hiji islam dua tamyiz tilu suci *
Tina nifas sareng hedh mungguh di istri
Opat ulah aya barang any nyegah *
Datang cai kana kulit kaya geutah
Lima ulah aya barang nu ngarobah
* Kana cai dina tempat nu dikumbah
Genep nyaho kana kafardhuanana *
tujuh ulah nekadkeun sunnah ngumbahna
Kadalapan cai na anu nyucikeun *
sareng anu dua deui ditangtukeun
Di jalma nu langgeng hadats eta
tangtu * hiji tuluy-tuluy dua manjing waktu
FASAL MERTELAKEUN PAHARAMAN KA
JALMA BOGA HADTAS LEUTIK HADATS GEDE
Saha jalma batal wudhu maka haram
* opat rupa hiji sholat coba faham
Dua thowaf katiluna nyabak qurãn
* njan tulisan sa ayat dina papan
Opat mawa qurãn anging
diweunangan * dina barang ulah niat mawa qurãn
Haram ka jalma nu junub genep
rupa * ari anu opat tadi jangan lupa
Lima cicing di masjid anging di
pipir * genep maca qurãan anging niat dzikir
Ari paharaman sabab hedh jeung
nifas * sapuluh genep nu tadi jangan was-was
Tujuh puasa jeung tholaq ka
dalapan * ari ngaliwat ka masjid ka salapan
Haram liwat lamun geutih sieun
ngecret * ukur makruh lamun aman urat aret
Sapuluh dialap suka antarana *
tuur bujal najan teu aya syahwatna
FASAL MERTELAKEUN HAIDH JEUNG
NIFAS
Ari kadar haidh anu pang
saeutikna * kadar sapoe sapeuting kaluarna
Ari gholibna genep atawa tujuh *
najan kaluarna getih henteu puguh
Lima belas dinten jaman pang
seueurna * najan sajam unggal dinten kaluarna
Suci antara dua hedh saeutikna *
lima belas dinten sinareng wengina
Ari dua puluh tilu atanapi * dua
puluh opat gholibna di istri
Ari seueurna suci teu dianggeran
* sok aya istri saumur teu kotoran
Lamun datang haidh sanggeus
manjing waktu * anu mahi keur sholat nu boga waktu
Halna tacan sholat dina waktu eta
* maka wajib qodho sholat nu harita
Lamun leungit man'i maka wajib
mandi * najan tacan nepi kana gholib suci
Lamun waktu aya keneh terus
sholat * mun teu aya terus qodho kade lepat
Najan eta waktu sholat ngan
sakadar * zaman takbirotul ihrom teu ditilar
Serta wàjib qodho anu samemehna *
sholat waktu anu meunang dijam'ana
Kaya suci waktu 'isya sareng
'ashar * maka wajib qodho maghrib sareng dzuhur
Ari salian ti eta kaya suci *
waktu subuh qodho subuh bae hiji
Ari saeutikna kàdar zaman nifas *
eta sakecretan geutih henteu teras
Ari gholib nifas opat puluh
dinten * pang seueurna zaman genep puluh dinten
FASAL MERTELAKEUN SYARAT WAJIB
SHOLAT
Syarat wajib sholat genep masing
apal * Hiji islam dua baligh tilu 'aqal
Opat boga rungu kalima ningali *
Genep kadatangan pangajak ti Nabi
FASAL MERTELAKEUN SYARAT SAH
SHOLAT
Syarat sah na sholat dalapan
perkara * Hiji kudu suci tina hadats dua
Dua suci tina najis dina badan *
Dina tempat sareng dina papakean
Tilu nutup 'aurot opat madep
qiblat * Lima kudu geus manjing waktuna sholat
Genep nyaho kana kafardhuanana *
Tujuh ulah neqodkeun sunnah fardhuna
Kadalapan ngajauhan sakabehna *
Nu ngabatalkeun kana sholatna
FASAL MERTELAKEUN HADATS
Ari hadats leutik mana-mana
barang * Anu ngabatalkeun kana wudhu urang
Ari anu ngawajibkeun kana mandi *
Hadats gede jumlah dua sareng tad
FASAL MERTELAKEUN 'AUROT
Ari 'aurot lalaki antara tuur *
Sareng bujal keur sholat nalika udar
Ari 'aurot awewe anu dibeuli *
Dina sholatna 'aurot cara lalaki
'Aurot awewe merdeka dina sholat
* Kabeh badan salian leungeun beungeut
Ari luar sholat jeung lalaki
sejen * Kabeh badan najan kuku pangeureutan
Ari sareng mahrom sareng pada
istri * Antara tuur reujeung bujal hey ki santri
Ari sareng carogena henteu aya *
Anu 'Aurot sumangga sadaya-daya
FASAL MERTELAKEUN RUKUN SHOLAT
Rukun sholat tujuh belas hiji
niat * Dina hate neja fardhu eta sholat
Dua takbirotul ihrom nu katilu *
Nangtung ka jalma nu kawasa dina fardhu
Opat maca fatihah kalima ruku' *
Genep thumaninah dina waktu ruku'
Tujuh i'itidal dalapan thumaninah
* Dina eta i'itidalna masing rineh
Kasalapan sujud dua kasapuluh *
Dina eta sujud dua thumaninah
Kasabelas diuk dina antarana *
Sujud dua rukun kadua belasna
Thumaninah dina diuk anu tadi *
Tilu belas tahiyyat anu pandeuri
Opat belas diuk tahiyyat pandeuri
* Lima belas maca sholawat ka Nabi
Genep belas aweh salam nu mimiti
* Tujuh belas tartib dina rukun tadi
FASAL MERTELAKEUN NIAT
Ari niat eta neja hate urang *
Babarengan sareng prakna gawe barang
Ari pangkat niat eta aya tilu *
Hiji niat lamun dina sholat fardhu
Maka wajib qoshdu ta'yin sareng
fardhu * Kaya ngucap usholli fardhol
maghribi
Lamun sholat dina anu ngabogaan *
Waktu sareng sebab wajib qoshdu ta'yin
Lamun dina sunah muthlaq maka
wajib * Qoshdu wungkul jabi ti eta teu wajib
FASAL MERTELAKEUN TAKBIROTUL
IHROM
Syarat takbirotul ihrom eta aya *
Genep belas syarat teu kengeng teu aya
Hiji prakna kudu sanggeus nantung
bener * Lamun sholat fardhu sareng taya 'udzur
Dua kudu basa arab lamun bisa *
Tilu kudu lafadz Allah nu kawasa
Opat kudu lafadz Akbar kalimana *
Kudu tartib eta lafadz duanana
Genep ulah panjang hamzah lafadz
Allah * "Ba" na lafadz Akbar ulah panjang nu katujuh
Kadalapan "Ba" na ulah
ditasydidan * Ulah tambah Wawu eta kasalapan
Antara dua kalimah dua kasapuluh
* Ulah nambah Wawu memeh lafadz Allah
Kasabelas ulah eureun antarana *
Kalimah Allah sareng lafadz Akbar na
Dua belas sadayana huruf takbir *
Sing kadangu ku awak nu boga takbir
Tilu belas kudu sanggeus manjing
waktu * Lamun dina sholat nu diwaktu-waktu
Opat belas prakna takbir dina
tingkah * Sanggeus urang nyanghareup ka baitulloh
Lima belas ulah ngaruksak aksara
* Atawa patukeur deui jeung aksara
Genep belas ari takbirna ma’mum *
Eta kudu pandeurieun takbir imam
FASAL MERTELAKEUN SYARAT FATIHAH
Syarat fatihah sapuluh sadayana *
Hiji tartib tuluy-tuluy kaduana
Katiluna ngaraksa huruf fatihah *
Opat ngaraksa tasydidna ulah salah
Kalimana ulah repeh anu lila *
Genep ulah repeh anu henteu lila
Anu neja megatkeun bacaanana *
Tujuh kudu maca sadaya ayatna
Kadalapan ulah ngarobah aksara *
Sareng baris anu matak robah m'ana
Kasalapan macana fatihah kudu *
Sanggeus nangtung lamun dina sholat fardhu
Sareng maca sakabeh huruf fatihah
* Sing kadenge ku awakna kasapuluh
Sareng ulah kaselang ku dzikir
lian * Anging amiin imam anu ngamimitian
FASAL MERTELAKEUN TASYDIDNA
FATIHAH
Opat belas eta tasydidna fatihah
* Hiji luhureun lam na lafadaz bismillah
Dua tilu luhureun ro rohman rohim
* Opat luhureun lam na lillaahil 'adzim
Lima luhureun ba na robbil
'alamin * Genep tujuh dina ro na rohman rohim
Luhureun dal yaumiddin kadalapan
* Dina iyyaaka n'abudu kasalapan
Dina iyyaaka nasta'in sapuluhna *
Dina shirothol mustaqim sabelasna
Opat belas diluhureun lafadz
dhollin * Ari ngaji ulah kagembang ku ulin
FASAL MERTELAKEUN SYARAT SUJUD
Ari syarat sujud eta aya tujuh *
Hiji sujud dina anggahota tujuh
Hiji tarang sareng dampal suku
dua * Tuur dua sareng dampal leungeun dua
Kaduana tarang ulah katutupan *
Tilu sabeuratna sirah tong ditahan
Kaopatna pangturun na ulah aya *
Maksud sejen salian ti sujud tea
Lima ulah sujud kana hiji barang
* Anu tepung nu gedag milu jeung urang
Genep birit kudu luhur batan
sirah * Katujuhna syarat sujud thumaninah
FASAL MERTELAKEUN TASYDIDNA
TAHIYYAT
Ari tasydidna tahiyyat nu
sampurna * Eta dua puluh hiji sadayana
Ari tasydidna at-tahiyyat eta *
Dina luhureun "ya" sareng luhureun "ta"
Sareng luhureun shodna
ash-sholawatu * Luhureun "tho" sareng "ya" ath-thoyyibaatu
Lillahi tasydidna dina luhureun
lam * Luhureun sin ari dina as-salam
'Alaika ayyuhannabiyyu tasydidna
* Luhureun ya enun sareng ya akhirna
Wa rohmatullohi eta luhureun lam
* Luhureun sin wa barokatuhus-salam
Sareng luhureun lam na
'ibadillahis- * Sholihina luhureun shod ya akhi
An-laa ilaaha ( ان
لآ الٰه ) di luhureun lam alif * Illallohu ( الا
الله ) dina lam sareng lam alif
Anna Muhammadar rosulullohi *
Luhureun nun emim ro laamillahi
FASAL MERTELAKEUN WAKTU SHALAT
Maka wajib dimana geus manjing
waktu * Gawe sholat atawa niat nu tangtu
Rek migawe sholat dina jero waktu
* Jadi dosa lamun urang henteu kitu
Ari mimitina aya waktu dzuhur *
Eta lingsir mata poe anu luhur
Ari akhirna lamun kalangkang
urang * Enggeus sarua sareng adegan urang
Ari seep waktu dzuhur maka
dongkap * Waktu 'Ashar hingga mata poe surup
Awal maghrib eta surup mata poe *
Hingga surup mega beureum anu sae
Seep maghrib dongkap deui waktu
'isya * Hingga surup mega beureum nu biasa
Seep 'isya dongkap deui waktu
subuh * Hingga bijil mata poe anu teguh
FASAL MERTELAKEUN WAKTU ANU HARAM
DIPAKE SHALAT
Haram sholat dina jero lima waktu
* Lamun henteu aya sebab anu tangtu
Hiji waktu mata poe keur bijilna
* Sahingga sakadar satumbak luhurna
Dua waktu tengah-tengah langit
pisan * Salian jum'at hingga mengok ka kulon
Ka tiluna rek surup layung nu sae
* Hingga surup pisan eta mata poe
Opat ba'da sholat subuh kalimana
* Ba'da sholat 'ashar eta sampurnana
Ari sholat qodho mah taya
pamengan * Dina waktu mana najan pasosonten
FASAL MERTELAKEUN RUKUN ANU KUDU
TUMANINAH
Ari rukun anu kudu thumaninah *
Eta opat, hiji ruku ulah salah
Ka duana i'itidal ka tilu dina *
Sujud opat dina diuk antarana
FASAL MERTELAKEUN ANU
NGABATALKEUN SHALAT
Ari anu ngabatalkeun kana sholat
* Opat belas, hiji hadats kade lepat
Dua katibanan najin mun teu terus
* Diragragkeun tina badan serta mulus
Tilu kabuka 'aurat mun teu
ditutup * Buru-buru, opat ngucap dua huruf
Atawa hiji huruf aya hartian *
Kaya ngucap samaksud ngagenihan
Batal deui ku ngadehem anging
lamun * Aya 'udzur ngunikeun nu jadi rukun
Kalimana ngahaja migawe barang *
Nu matak batal kana puasa urang
Kagenepna dahar seueur najan lali
* Tujuh tilu kali usik nuli-nuli
Kadalapan luncat sareng
sabangsana * Kasalapan neunggeul tarik jeung mitsilna
Kasapuluh nambah rukun anu bangsa
* Pagawean tur ngahaja teu kapaksa
Kasabelas miheulaan ka imamna *
Dua rukun bangsa pagaweanana
Atawa mandeurikeun maneh ti imam
* Anging 'udzur teu bisa nuturkeun imam
Dua belas niat megatkeun sholatna
* Katilu belas gantung pegat sholatna
Opat belas mider-mider rek
megatkeun * Kana sholatna mana nu ditetepkeun
FASAL MERTELAKEUN SUNNAH AB’ADH
Ari sunnah ab'adh tujuh sadayana
* Hiji tahiyyat awwal, dua lungguhna
Maca sholawat ka Nabi katiluna *
Dina jero tahiyyah anu awwalna
Sholawat kaula wargana kaopatna *
Dina jero tahiyyat nu pandeurina
Lima maca qunut dina saban dinten
* Genep qunut witir saparo romadhon
Tujuh maca sholawat ka Kangjeng
Nabi * Dina qunut ka sohabat Kangjeng Nabi
FASAL MERTELAKEUN BILANGAN RAKAAT
SHALAT NU LIMA WAKTU JEUNG LIANNA
Dina sapoe sapeuting roka'atna *
Sholat fardlu tujuh belas sajumlahna
Sareng tilu puluh sujud langkung
opat * Jeung salapan puluh takbir langkung opat
Jeung sapuluh salam tahiyyat
salapan * Saratus lima puluh tilu tasbehan
Ari rukun dina lima waktu sholat
* Dua ratus tilu puluh punjul opat
Ari dzuhur, 'ashar, 'isya bangsa
opat * Rukun hiji waktu lima puluh opat
Margi hiji rokaatna dua belas *
Rukun anu bulak-balik masing awas
Tambah genep niat takbirotul
ihrom * Lungguh akhir tahiyyat sholawat salam
FASAL MERTELAKEUN KAWASANA DINA
SHALAT
Saha nu teu kawasa kana nangtung
* Maka sholat bari diuk sami untung
Lamun teu kawasa diuk maka sholat
* Bari ngedeng nyangigir nyanghareup kiblat
Teu kawasa nyangigir nangkarak
sholat * Serta kedah ganjel sareng nunjang kiblat
Apes keneh maka sholat ku isyarah
* Sareng niat masing lempeng dina manah
Teu kawasa ku isyarah tuluy
jalankeun * Rukun sholat dina hate dijentrekeun
Henteu dihampura jalma tinggal
sholat * Satungtung akalna bener masih inget
FASAL MERTELAKEUN RUPA-RUPA NU
DITINGGALKEUN DINA SHALAT
Tilu rupa ditinggalkeun dina
sholat * Hiji fardlu dua sunnah jeung haiat
Lamun ninggal hiji fardlu najan
lali * Eta henteu katambal ku sujud sahwi
Lamun deukeut keneh wajib balik
deui * Kana fardlu make tambah sujud sahwi
Ari sunnah entong balik sanggeus
urang * Gawe fardlu tapi sujud nambal kurang
Ari sunnah haiat henteu kitu
kiyeu * Entong sujud entong balik kanu biyeu
Saha anu mang-mang dina rokaatna
* Kudu nyokot bilangan pangsaeutikna
Pami subuh asa dua asa hiji *
Wajib nambah serta sunnah sujud sahwi
FASAL MERTELAKEUN PAMAKRUHAN
SHALAT
Seueur pisan pamakruhan dina
sholat * Sawarehna ngalieuk teu aya hajat
Kaya ngalieuk barangna bisi
leungit * Serta makruh keur sholat nenggak ka langit
Malihan dawuhan mutawali *
Ngalieuk teh haram sareng hulaimi
Sareng numutkeun qoulna syekh
adzro'i * Tanggah ka luhurge haram cara tadi
Makruh deui ku panon mere isyarat
* Atawa ku biwir lamun taya hajat
Sareng bedas dina tempat anu
kendor * Sareng sabalikna lamun taya 'udzur
Sareng makruh nulak cangkeng taya
'udzur * Margi eta kalakuan nu takabbur
Sareng makruh sholat gancang
purat-perot * Rukun oge ampir aya nu kaliwat
Sareng makruh peureum mun inggis
cilaka * Henteu makruh mun teu inggis aya bahla
Tapi lamun aya gambar dina tempat
* Pangsholatan eta peureum jadi sunnat
Dina ruku dina sujud makruh deui
* Rapet beuteung kana pingping di lalaki
Sareng ngarapetkeun
peupeuteuyanana * Dina gigir dina ruku jeung sujudna
Sareng makruh lungguh cara anjing
diuk * Sareng sujud cara gaok macok lauk
Sujud cara singa depa eta makruh
* Sareng dina ruku handap teuing sirah
Sareng makruh manjangkeun
tahiyyat awwal * Salian mamum kajeun sholawat ka al (keluarga nabi)
Sareng makruh nyorokkeun ramo
leungeun na * Jeung nguyupuk laer teuing disampingna
Sareng makruh nyiduh ka
hareupeunana * Jeung katuhu henteu makruh ka kencana
Lamun nyiduh di masjid sing
ati-ati * Bisi ngecret kana tempat anu suci
Sareng makruh nekenkeun sabeulah
suku * Dina nangtung kenca atawa katuhu
Sareng makruh sholat bari nahan
hadats * Kiih ngising atanapi nahan bobos
Sareng makruh mun geus hadir
kadaharan * Sareng lapar jeung makruh bubudugulan
Sareng makruh make beubeur dina
cangkeng * Anging lamun dipake mageuhan samping
BAB SHIYAM
Wajib kanu islam saban-saban taun
* Tur mukallaf puasa bulan romadhon
Jadi jumlah syarat wajib shiyam
opat * Hiji islam, aqal, baligh sareng kuat
Ari fardlu sareng rukun shiyam
opat * Ari rukun kahiji nyaeta niat
Kaduana nangtukeun niat puasa *
Saban peuting poe isuk rek puasa
Rek nekanan puasa fardlu romadhon
* Atawa nekanan anu dinadzarkeun
Katilu nanahan tina dahar leueut
* Tina jima tina utah kade lepat
Opat nyaho mimiti jeung
panungtungan * Ulah niat jeung buka satabrang-tabrang
Anu ngabatalkeun puasa sapuluh *
Masing apal ngarah jadi jalma teguh
Hiji 'ain anu nepi kana beuteung
* Najan leutik sarta dihaja ku urang
Atawa kajero tikoro jeung sirah *
Henteu batal neureuy ciduh nu beresih
Jeug teu batal asup 'ain kana
beuteung * Teu dihaja atawa dipaksa orang
Jeung teu batal kebul pangayakan
tipung * Jeung katalanjuran cai kana irung
Lamun henteu banget dina kekemuna
* Sareng ngingsreuk cai kajero irungna
Dua huqnah hartina ngasupken ubar
* Tina salah sahijina qubul dubur
Atawa ngasupkeun tungtung ramo
kana * Qubul dubur dina waktu istinjana
Dina qodho hajat sareng istinjana
* Masing bisa pisan urang ngaraksana
BAB HAJJI
Diwajibkeun munggah haji ka
baitulloh * Dina saumur sakali kanu mampuh
Maka lamun sanggeus mampuh pot
umurna * Maka jadi wajib dihajikeunana
Ari rukun haji lima kade salah *
Hiji ihrom kadua wuquf di 'arfah
Rukun katiluna thowaf di
baitulloh * Opat sa'i antara shofa jeung marwah
Kalima ngagunting atawa dicukur *
Tina rambut sirahna sing loba syukur
Iyeu lima salian wuquf di 'arfah
* Tinggal opat jadi rukun tina 'umroh
Iyeu rukun-rukun haji jeung
'umrohna * Eta aya syaratna sareng fardluna
Maka wajib sadayana dihartoskeun
* Ku sugerning anu bade ngalampahkeun
Sareng haram kanu ihrom
seuseungitan * Sareng haram sirah jenggot diminyakkan
Miceun kuku miceun buuk sareng
jim'a * 'Akad nikah sareng muqoddimah jim'a
Sareng moro boboroan tanah darat
* Nu didahar henteu haram sato laut
Sareng haram lalaki nutup sirahna
* Sareng haram ka istri nutup rarayna
Sareng sarung tangan sareng haram
deui * Anu nyarung kaya gamis di lalaki
Maka saha nu migawe paharaman *
Maka dosa jeung wajib dikifaratan
Ari jim'a jaba haram ngaruksakeun
* Kana haji sareng wajib diqodloan
Saeng wajib dina taun sab'adana *
Sareng wajib kifarot gede ngarana
Sareng wajib ihrom haji sareng
umroh * Tina miqot sareng nginep muzdalifah
Sareng nginep di mina sareng
ngabalang * Jumrotul 'aqobah poenan rayagung
Sareng ngabalang jumroh tiluanana
* Dina poe tasyriq jeung thowaf wad'ana
Sareng haram boboroan tanah haram
* Sareng jujukutanana kanu ihrom
Sareng kanu henteu ihrom oge
haram * Jukutna jeung boboroan tanah haram
Sareng tambah mun ganggu di tanah
mekah * Kana boroan jeung jukut wajib fidyah
Lamun urang rek migawe hiji
barang * Wajibkeun ilmuna heula masing terang
Sabab gusti Alloh ngawajibkeunana * Eta pasti ngawengku syarat
rukunna
Sareng wajib marentah sareng
mernahkeun * Ka jalma nu ninggal syarat sareng rukun
Lamun teu jadi fitnah wajib
maksana * Lamun mantak fitnah wajib ngainkarna
Sareng disyaratkeun sadayana amal
* Kedah ikhlas kerna Alloh 'Azza wa Jal
Sareng kadaharan urang kedah
halal * Sareng panganggona mun teu kitu gagal
Sareng wajib sadayana ngaraksa *
Anggahota urang tina lampah dosa
Margi agama teh dua kalakuan *
Hiji tho'at dua nyinggahan cegahan
Sakieu ge ilmu fiqih atos cekap *
Pikeun jalma ibadahna rada handap
Sapertos jisim abdi anu dlo'if *
Anu pamendakna sakalangkung la'if
_____________________
Mugi-mugi Gusti Allah ngahampura
* Ka guru sim abdi nu mulih ngumbara
Samulihna ti dunya ka rohmatillah
* Mugi dijembarkeun tempatna nu indah
Khususna mah kanu kagungan
karangan * Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman
Artikel keren lainnya:
Belum ada tanggapan untuk "Nadzom Pelajaran Fikih Bahasa Sunda"
Post a Comment
Dilarang membagikan link judi, pornografi, narkoba, dan kekerasan. Terimakasih.