Home · Parenting · Konseling · Blogging · Tips · Daftar Isi

Rarabi Jeung Nyi Sari (Bag 1)

Carpon "Rarabi Jeung Nyi Sari" (Bag 1)
Karya: Ceu Ningsih

#Naek delman

Dua minggu sakali Didin mulang ka lembur, poe Jumaah ti pagaweanana. Nepi ka lembur sok geus ampir tengah peuting. Kabeneran poe Jumaah mimiti cuti taunan, lilana saminggu. Didin inditna poe Kemis bada Ashar tas bubar gawe.

Nyaan weh anjog ka lembur ampir Isya, ojeg geus carang, dina ayana ge moal daekeun mawa, komo nyebut menta dianteur ka lemburna di Pasirwangi.

"Duh punten Mang, abdi diantosan di rorompok bade Yasinan!" Ceuk ojeg nu kabeneran keur mangkal, bari gura giru nyelah motor waktu disampeurkeun ku Didin.

"Nya bae atuh!" Didin unggeuk bari gagaro teu ateul.

Kapaksa atuh leumpang muru ka lembur teh, heg jauh keneh aya tilu kiloan. Keueung ge maksakeun da geus sono ka budak. Leumpang geus aya sakiloan ngan aneh teu panggih jeung jalma saurang ge. Sugan aya nu ngulampreng atawa nu nangkring di unggal gang nu kaliwatan, weleh teu hiji-hiji acan.

Palebah dapuran awi, katempo aya delman jiga keur nungguan panumpang, Didin luak lieuk susuganan aya nu bogana rek menta dianteur ka lembur.
Delman
Sora angin ngadadak nyeor, langit angkeub padahal saacana bentang baranang pating kariceup. Ngan kabeneran keur poek bulan. Didin tangggah, cai hujan ninggang beungeutna, teu lila ngeprul girimis. Didin tuturubun unggah kana delman, gek diuk bari ngiuhan.

Teu lila teuing ti mana jolna, aya wanoja keur dibeyeng ku dua lalaki jiga nu rek diculik.

"Unggahkeun kana delman Ki! Gancang juragan Karta nungguan!" Cenah ceuk nu saurang, beungeutna pikasieuneun bari molotot neuteup eta wanoja.

Teu talangke, wanoja nu keur kapiuhan teh satengah disuntrungkeun, ditaekeun kana delman. Nu disebut Si Aki, diuk jadi kusir, nu hijina deui nyepengan eta wanoja.

"Geulis Nden Sari teh, paingan Juragan Karta kaedanan, euh ieu pinareup kuat ka seseg kitu!" Cenah bari alak ilik kana palebah pinareup wanoja nu ngarana Sari.

"Kade Bah! Tong kamalinaan neuteup, bisi geugeut!" Walon Si Aki bari ngenyang tali kadali kuda, delman maju rada nyemprung.

Didin colohok, hemeng asa lalajo sinetron. Dangdanan dua lalaki jeung wanoja nu ngarana Sari asa beda jeung dangdanan jaman kiwari. Geus puguh ari Sari mah, dikabaya pulas hejo samping rereng kumplit jeung karembongna nu meulit kana cangkeng. Sedengkeun nu lalakina, di parangsi hideung, make iket barangbang semplak.

Delman mangprung dijajap ku hujan, arahna muru ka lembur Didin, kusiwel ngaluarkeun hape, cetrek dipotoan kajadian nu katempo harita. Ngan anehna Didin jiga teu katempoeun ku eta jalma nu naraek kana delman.

Reg delman eureun palebah sasak, Sari digotong ku duaan, laju digolerkeun deukeut rungkun eurih, jiga nu kaasupan setan duanana ngagadabah Sari piligenti, nepi ka Sari eling, langsung ngajerit kanyenyerian.

Didin nu jadi saksi ukur bisa olohok teu ngarti, gigisik sababaraha iangan hayang ngayakinkeun naon nu karandapan.

Ngadenge Sari ngoceak, dua lalaki geumpeur sieun aya nu nganyahoankeun, teu antaparah deui habek awak Sari nu geus teu walakaya disiksa taya eureuna, nepi ka teu usik deui.

"Bejakeun ka Juragan Karta, Nden Sari kabur, ngajleng ka jungkrang! Da euweuh nu nganyahoankeun pan!" Ceuk Si Aki, baturna unggeuk, Sari digotong deui, dibawa ka sisi jungkrang, belewer awak nu lenjang dialungkeun ka jungkrang nu jerona puluhan meter.

Lung! Koceak sora Sari ngajerit, sorana agem laju kabawa angin peuting.

Didin gigisik deui, dua lalaki nu geus ngarogahala Sari ngiles teuing kamana leosna. Geus puguh Sari mah, boa ngabugang di jero jungkrang.

Ret kana delman, aya ngabagug jeung kudana. Seak bulu punduk nyeak muriding saawak-awak. Tetempoan Didin ranyay, awakna leuleus lir dipupul bayu. Les kapiuhan!

Artikel keren lainnya:

Belum ada tanggapan untuk "Rarabi Jeung Nyi Sari (Bag 1)"

Post a Comment

Dilarang membagikan link judi, pornografi, narkoba, dan kekerasan. Terimakasih.