Rarabi Jeung Nyi Sari Eps 3 (Carpon Sunda)
Karya: Ceu Ningsih
Sora adan Subuh ngagreuwahkeun lamunan Didin, budak tibra di gigireun. Indung bapana geus arampih ka kamar. Didin ngolesed, muru ka masjid rek solat Subuh berjamaah.
Beurangna, nginjeum motor adina rek ka dayeuh hayang mawa ulin budakna. Unggal cuti taunan sok disugemakeun, sagala kahayangna dicumponan. Peupeuriheun sapopoe loba jeung nini akina.
"Wiwin hayang kamana heula?" Ceuk Didin bari nyelah motor.
"Ka alun-alun heula, meser sapatu weh!" Cenah, kalacat kana motor, nangkel di tukang.
Nepi ka alun-alun, budak diabur tutumpakan sagala kaulinan, jajan kadaharan teu aya nu dipungpang. Nu penting mah budak bagja. Kabeneran panggih jeung babaturan sakolana nu keur ulin jeung indungna.
"Win, ameng sareng saha?" Ceuk indung babaturanana.
"Sareng bapa!" Wiwin nuduhkeun ka bapana nu keur diuk di emper masjid.
"Ari mamah teu ngiring?"
Wiwin ngeluk, baeud, nahan piceurikeun. Beretek lumpat nyampeurkeun bapana.
"Bapa! Ari mamah kamana?" Wiwin ngagabrug ka bapana.
"Apan tos teu aya mamah mah!" Didin dareuda, aya nu nyelek kana angen unggal budak nananyakeun indungna. Kungsi disebutkeun geus maot, ngan ngadat hayang ka kuburanana. Dibejakeun keur gawe di Arab, nitah pangneleponkeun hayang ngobrol. Mun dbejakeun saenyana mah moal ngarti, ngan hiji mangsa kudu dibejakeun nu sabenerna.
"Teu aya kamana? Wiwin teh geus ageung Pa! Sok ditararos kamana Mamahna, sok jujur atuh, di mana Mamah?" Wiwin nginghak, budak geus gede taun ieu naek ka kelas genep, tangtu loba kapanasaran ngeunaan indungna.
"Sabar Win, ke ge Mamah uih! Can waka meunangeun mulang ku dunungana!" Didin ngusapan budakna.
Wareg ulin, meuli sapatu, saragam jeung kahayangna. Ka lembur teh rada burit, rengse solat Asar gura giru mulang bisi kaburitan, mun seug awak sorangan mah najan balik peuting ge euweuh masalah. Pan ieu mah jeung budak.
Asup ka jalan desa geus reupreupan, euweuh jalan deui da ngan hiji-hijina jalan nu muru ka imah. Daek teu daek bakal ngaliwat ka lebah dinya, dapuran awi, jeung jungkrang eta.
Palebah dapuran awi rada muringkak oge, teu luak lieuk bisi aya nu nembongan, rumasa ayeunakeun rada borangan tisaprak numpak delman eta. Ngan palebah jungkrang nu aya rungkun eurih, motor ngadadak mogok teu bisa maju. Sakitu geus dibengsinan.
"Naha mogok Pa?" Wiwin ngoleses turun heula.
"Teuing atuh, aya-aya wae nya!" Didin kukulutus, alak ilik kana motor.
Sababaraha kali diselah, angger motor teu hirup. Mangkaning geus paroek. Keur usak usek ngome motor, ujug-ujug aya karembong jiga nu katebak angin ngapung ka palebah Didin. Kerewek karembong ditewak ku leungeun katuhu. Kaambeu seungit malati, ku Didin diseuseup.
"Beu asa jiga karembong nu dipake wanoja eta!" Ceuk gerentes hate Didin, bari nyawang, ingetan ngalayang ka Sari wanoja nu dirogahala nepi ka dialungkeun ka jungkrang, sidik pisan karembongna sarua.
"Bapaaa! Hayu bisi kaburu poek!" Wiwin ngagorowok bari gegejret.
"Enya heg!" Didin gura giru nyelah motor deui, karembong dibeulitkeun kana cangkengna, dadak sakala motor hirup deui, biur muru ka lembur rurusuhan.
Nepi ka imah geus wanci magrib kolot, hadena kaburu keneh solat Magrib. Balanjaan teu kaburu dibawa ka imah da rusuh muru solat. Rengse solat, Wiwin paciweuh nembongkeun nu dibeuli di alun-alun ka nini jeung akina.
"Jang! Eta karembong bet dipake? Panggih jeung wanoja nu peuting? Sarua make karembong eta!" Ma Jojoh alak ilik.
"Meunang manggih Ma! Baruk make karembong nu kieu nya?" Didin kerung.
"Enya, tanyakeun ka Abah, sieup jeung kabayana, sampingna ge tiga nagri, nu mahal! Ngan tetempoan teh jiga nu geus belel sampingna!" Ceuk Ma Jojoh.
Didin ngahuleng bari ngudar karembong, dialak ilik bari sakapeung diambeuan. Angger seungit malati teu regrog ku bau bako nu nyerebung matak banget.
"Din, Abah hayang nanya sakali deui, rek lelengohan wae nya? Teu karunya ka budak? Meungpeung ngora keneh Jang, Ema jeung Abah maju ka kolot, sieun kaburu...!" Bah Rukma teu kebat, ret ka Wiwin.
"Moal waka Bah! Peurih keneh, kajeun kawin ka jurig tinimbang ka jelema mah! Sieun dinyenyeri deui!" Didin seuri maur, jung nangtung muru ka cai rek abdas.
"Ih ari ngomong teh sok kamana wae! Kade Jang, ulah saomong-omongna ah!" Bah Rukma ngagebes.
"Palias boga minantu ka jurig mah hiyyy!" Ma Jojoh ngabirigidig, bulu pundukna muringkak.
Rengse solat Isya, Didin muka hape, inget kungsi moto basa numpak delman harita. Bray mukaan galeri, Didin olohok nempo potona leungit kabeh. Keur anteng ngahulengan poto nu beak teu nyesa, Bah Rukma gegeroan.
"Din! Aya ondangan marhaba di masjid RT hiji, Abah mah sangeuk carape! Bawa budak ngarah berekatna dua, keur Abah hiji jhehehe!" Bah Rukma nyampeurkeun ka kamar.
"Heg Bah!" Didin unggeuk.
Hadena budak daekeun, ditiung ku karembong meunang manggih tea. Duanana arindit ka masjid RT hiji, wetaneun lembur.
Sajajalan Wiwin nyedek-nyedek ka bapana, rada borangan budak teh. Mangkaning ngaliwatan astana gede jeung kebon awi. Palebah caringin pas pengkolan ka astana, karasa aya nu nyecep nyepeng leungeun Didin, seungit kembang malati beuki seukeut kaambeu. Pan tatadi ge Wiwin teu lesot, ari ngalieuk ka kenca, Didin pias! Rek ngagoak bisi budak pipilueun soak, antukna ukur bisa ngabetem bari hate gegebegan, nempo nu keur leumpang gigireun bari pageuh nyepeng leungeun. Ret manehna ngareret, nyeh imut. Teu dipiceun sasieur, sidik pisan nu imut bari ngalendean teh Nden Sari tea.
Bag 1 Bag 2 Bag 3 Bag 4 Bag 5 Bag 6 Bag 7 Bag 8 Bag 9 Bag 10 Bag 11 Bag 12 Bag 13
Belum ada tanggapan untuk "Rarabi Jeung Nyi Sari (Bag 3)"
Post a Comment
Dilarang membagikan link judi, pornografi, narkoba, dan kekerasan. Terimakasih.