#Rarabi_Jeung_Nyi_Sari (4)
Karya: Ceu Ningsih
Rek nepi ka nu di tuju teh ngadadak asa lila, hese nepina. Ngepeskeun leungeun ge hese, jiga nu make leugeut, napel pageuh. Duh rek nain atuh Nyai teh make nyepengan leungeun sagala? Ceuk Didin na jero hatena.
"Nepangkeun abdi Sari, karembong tos aya di salira, hartina salira bakal jadi milik abdi!" Cenah ngaharewos.
"Keheula! Kuring mah bangsa manusa, ari anjeun?" Didin ngawani-wanikeun sorangan.
"Cinta sajati, pikeun bangsa kuring mah mangrupakeun nyawa, nalika aya nu mikeun kalayan ikhlas jeung rido, tangtu bisa ngarobah takdir!" Sari ngareret bari angger pageuh nyepeng leungeun Didin.
Didin ngarandeg, "Bangsa anjeun jeung bangsa kami pamohalan bisa ngahiji!"
"Bisa, kadieu Kang! Pancegkeun pikiran Akang iwal ka abdi, teuteup, jeung lenyepan, serep sagala rasa nu kaluar tina hate!" Sari neuteup Didin.
Nu diteuteup jiga kasirep, bray aya kalangkang harepan, dina kongkolak mata Sari, kagambar kabagjaan budakna boga indung anyar, suka seuri dianteur kaditu kadieu bari silih simbeuh ku kanyaah, Sari jeung Wiwin. Duanana jiga nu sono ku kanyaah, Wiwin nu sono ka indungna, Sari nu sono ku katresna nu salila ieu ukur jadi kapeurih dina lalakon hirupna.
Didin ngeureuceum, ret ka Wiwin nu anteng leumpang. Ret deui ka Sari, nu ngiles duka kamana. Sora nu ngaraji kadenge hawar-hawar, masjid geus tembong, anjog ka tepasna, gek Wiwin jeung Didin diuk ngariung jeung nu sejena.
Berekat geus dijingjing, nu ngaji nungtutan marulang. Didin amitan da budakna ngerewih wae hayang balik, tunduheun.
"Pa tunduh!" Cenah jiga nu rek ceurik.
"Yap!" Sari nu teu puguh-puguh aya di dinya, mangku Wiwin nu geus nunutan. Didin ngagebeg, pangajian geus lekasan, paingan Sari nembongan.
Didin leumpang ngarendeng jeung Sari nu mangku Wiwin. Sajajalan teu aya nu nyoara, iwal ti sora lengkah Didin sorangan, da Sari mah pan ngalayang teu napak.
"Beurat budak teh!" Sari seuri nyikikik.
Didin gegebegan, sok sieun Wiwin dirogahala. Jurig tea, lolobana sok ngagoda. Tapi ditengetan mah asa jauh tina panyangka, Wiwin teu sieuneun, sakitu anyar panggih. Kalah beuki pageuh nangkeup ka Sari.
Sari ngarandeg, Wiwin diturunkeun. Singhoreng geus rek nepi ka imah, "dugi ka dieu nya! Masing bisa nyarita ka indung bapa Akang, yen abdi bakal jadi pamajikan Akang, piindungeun Wiwin!"
"Kela Nyai, moal waka gasik nampi gancang narima, kumaha kahirupan urang mun seug ngarabi? Pan mahiwal, beda alam, beda mangsa! Nyai geus hirup mangalam-alam, gumelar ka dunya heula Nyai!" Didin mangku Wiwin bari ridu ku jingjingan pinuh ku berekat.
"Mangga! Teu langkung, sakantenan abdi neda pitulung, pangmaluruhkeun turunan juragan Karta, jeung baladna. Nu geus ngarogahala abdi sakulawarga, mateni indung bapa jeung dulur-dulur abdi. Nu pangnyerina, maranehanana nyiksa pisalakieun abdi nepi ka nyawana pisah jeung raga saharita! Taya nu ngusut eta kajadian, sakabeh jalma nu pipilueun lolos teu kaeurad kunu wajib!" Nyi Sari ngalalakon, sorot panon pinuh ku ceuceub jeung kapeurih, pantes mun marakayangan teh, kapeurih kanyeri can bisa kaubaran.
"Beu! Deudeuh teuing Nyai, hirup teh loba cocoba, mun bisa mah keun nu kaliwat mah tong diinget-inget deui, matak peurih ngageuri!" Didin daria, ngaragap angen sorangan, kungsi dinyenyeri dihianat ku nu jadi pamajikan.
"Maranehna can meunang wawales, keun di dunya bisa ngangles, tapi abdi teu rido mun maranehna bisa bebas kitu wae! Sanajan kari turunana, daek teu daek kudu narima wawales ti abdi!" Sari keukeuh hayang males kanyeri.
"Sujaaang! Nanaonan ngajanteng di dinya? Hiap bawa berekatna ka dieu!" Sora Bah Rukma, nu keur ngakanteng di lawang panto.
"Enya Bah!" Didin nembalan, Sari ngiles.
Wiwin digolerkeun, geus tibra banguna mah. Didin, Bah Rukma, jeung Ma Jojoh murak berekat balakecrakan. Iwal ti Didin nu teu pati sumanget ngahanca berekat, pikiran ngait ka Sari. Mimiti aya rasa karunya, ras kana nasibna nu diteunteuinganan. Hanjakal manehna beda alam, naha bisa ngahiji ngarumah tangga. Ras deui ka Wiwin nu geus hayang boga indung, hese geuning neangan keur piindungeun teh, kabeulit ku ginggiapeun sok inggis dinyenyeri deui.
"Jang! Pek-pek atuh dahar teh, lain ngalamun!" Ma Jojoh noel anakna.
"Aeh Ma, hampura!" Didin ngareret ka indungna.
Peuting beuki jempling, Didin can daek sare, gulinggasahan, kalangkang Sari teu weleh nembongan. Hate perang sabil, antara narima Sari jeung nampik Sari. Bongan atuh sok saomong-omongna, majarkeun kajeun kawin jeung jurig.
Keur anteng ngaherang neuteup langit-langit kamar, palebah jandela ya sora nu keketrok. Didin ngorejat, bulu pundukna muringkak, seungit malati nyambuang, boa-boa Sari bakal nembongan. Jrut turun tina ranjang, ngeteyep ngadeukeutan jandela, bari hate gegebegan teu puguh rasa. Gap kana tulakna, dibuka lalaunan, bari rarat reret bisi aya nu nganyahoankeun. Jandela muka saeutik, Didin noong tina sela-sela jandela, kaciri nu keur ngajanteng, buukna ngarumbay katebak angin, nyanghareup ka jalan, nukangan jandela.
"Nyai Sari!" Ceuk Didin dareuda.
Sari ngalieuk, imut bari gugupay. Beungeutna nu pias kacaangan lampu tepas, manehna diuk di tepas jiga aya nu ditungguan. Didin renghap ranjug, hayang kaluar nepungan, ngan sieun. Nempo jam dina hape, sidik jam dua. Nyi Sari aya keneh, ret deui kana jandela. Jigana mah lila nungguan, Nyi Sari cengkat, ngageuleuyeung muru ka jalan.
"Mamaaaah!" Sora Wiwin di kamarna.
Didin gentak nyampeurkeun ka kamar Wiwin, "Win, aya naon bageur?"
"Mamah, tadi teh kadieu, ngan ngaleos deui!" Wiwin hariweusweus.
Didin ngahuleng, "ngimpi Wiwin mah!"
"Henteu Pa, bieu di dieu ngusapan!" Ceuk Wiwin.
"Sonoeun ka Wiwin meureun!" Didin nangkeup anakna.
Belum ada tanggapan untuk "Rarabi Jeung Nyi Sari (Bag 4)"
Post a Comment
Dilarang membagikan link judi, pornografi, narkoba, dan kekerasan. Terimakasih.