#Rarabi_Jeung_Nyi_Sari(11)
Karya Ceu Ningsih
Wanci sareureuh kolot Ipah kakara nepi ka imah Bah Rukma, panto imahna digedor kajeun teuing geus pareureum ge, asal bisa nepikeun sagala rupa nu karandapan di imah Sari. Sakalian rek menta tulung hayang mawa Wiwin kaluar ti imah eta.
"Saha? Wayah kieu rek nanahaon atuh?" Sora Bah Rukma.
Bray panto dibuka, "Bah, ieu Ipah!"
Teu dititah asup ku nu boga imah, hideng miheulaan asup ka tengah imah, gek diuk bari ngahegak cape.
"Aya naon Pah? Tas ti mana? Ma, ieu Nyi Ipah! Ngen hudang!" Bah Rukma mageuhan sarung.
Ma Jojoh kaluar ti kamar, bari ngajewang poci, laju nyicikeun cai kana gelas, diasongkeun ka Ipah.
"Nuhun Ma, abdi panggih jeung Wiwin, jeung bapana. Cilaka, geus dipangaruhan ku lelembut Ma, abdi paur Wiwin dirogahala!" Ceuk Ipah hariweusweus.
Ma Jojoh jeung Bah Rukma silih reret, "beu ari maneh Ipah sok jijieunan, cikeneh ti darieu kabehanana. Malahmah tah ngirim beas sakarung, lelembut nanahaon? Sok ngacapruk ngomong teh!" Bah Rukma seuri bari nuduhkeun beas sakarung di juru imahna.
Ipah olohok, hatena tugenah, pinter jurig teh, jigana miheulaan ka dieu, nyaho rek ditarekahan sina nyingkahan Wiwin. Beu kudu kumaha? Ipah ngahuleng.
"Ipah, aya naon nu benerna? Ceuk saha Wiwin rek dirogahala? Pan sakitu nyaaheuna indung terena ge!" Ma Jojoh mencrong ka Ipah.
"Demi Alloh Ma, abdi panggih jeung Wiwin, maturan salila saminggu, loba kajadian aheng di imahna, indung terena lain jelema, tapi jurig!" Ceuk Ipah.
"Ipah, sok kamana wae ari ngomong teh! Bisi aya nu ngadengeun ari taeun teh!" Ma Jojoh ngagebes.
Ipah ngarasa hanjelu, euweuh nu percaya kana omonganana. Mun geus kieu kudu ku sorangan, melang ka budak, waktu geus samporet. Nyaan jurig teh ngakal pisan, kaciri licikna, mun enya mah manehna nyaah teu kudu miheulaan manggihan Bah Rukma jeung mangaruhan sangkan teu percaya ka Ipah. Sakali deui Ipah ngarasa peunggas harepan hayang nyalametkeun budak, keun wae bapana mah da geus kagok ngewa ka Ipah.
"Ngendong di dieu Pah, geus peuting!" Ma Jojoh ngojengkang ka dapur, ngahiap bisi rek dahar.
"Moal Ma, rek ka lembur wae ayeuna!" Ceuk Ipah bari ngaregot deui cai herang.
Bah Rukma teu ngomong, ngan ukur ngarindat ka Ipah.
Ipah cengkat amitan rek mulang, sakitu dipaksa sina ngendong, Ipah keukeuh rek balik ka lemburna.
Turun ti imah Bah Rukma bari mawa hate hanjelu jeung tugenah. Ipah luak lieuk nitenan jalan nu paroek jeung tiiseun, euweuh jalma saurang ge nu ngulampreng. Dipirig ku sora jangkrik, jeung angin nu ngahiliwir, Ipah leumpang nuturkeun indung sukuna.
Keur leumpang nyorangan, kabayang na lamunan Ipah, Sari keur nyeungseurikeun manehna, bari mupuas. Tarekahna rek mawa Wiwin geus pugag di tengah jalan, Didin geus kasirep, kitu deui Bah Rukma nu geus manggihan kuburan Sari.
Kadenge sora mobil ti tukangeun Ipah, reg eureun, ret kana mobil nu sarua eureun. Ti jero mobil turun awewe jeung lalaki bangun salaki pamajikan, nyampeurkeun Ipah.
"Teh punten bade tumaros, uninga bumina Bah Rukma carogena Ma Jojoh?" Ceuk awewena.
"Terang, abdi nembe ti bumina, mung rada tebih, dupi ibu sareng bapa ti mana?" Ipah kerung, nyidik-nyidik dedegana mah jiga ti kota.
"Abdi Anita, ieu pun lanceuk Sastro, ti Cirebon, abdi mapay raratan makam pun bapa, kaleresan Bah Rukma nu meresihana, sakantenan bade masihan kangge roko!" Tembal Anita.
"Mangga ku abdi dijajapkeun atuh!" Ipah unggeuk.
"Dupi Teteh bade kamana?"
"Ka lembur!" Tembal Ipah bari nuturkeun asup kana mobil.
Geus arasup kana mobil, Anita ngobrolkeun yen hayang ngayakeun tahlil keur bapana, sakalian rek maluruh makam Sari.
"Almarhumah Bu Sari teh kantos aya urusan sareng pun bapa, abdi ngaraos dosa margi terangna kaayeunakeun, duh hawatos Bu Sari tos dikakaya ku pun bapa, kapungkur kasusna teu kaguar. Sanaon tos teu araya, tetep abdi salaku ahli waris pun bapa ngaraos prihatin!" Ceuk Anita bari ngeluk.
Ipah ungut-ungutan, kaharti mun Sari keukeuh hayang jadi jalma, singhoreng aya dendam pribadi nu acan direngsekeun. Niat Anita ge hayang sasadu ka kulawarga Sari nu jarumeneng keneh, ngan hanjakal kulawarga Sari geus tumpur harita basa Sari diculik, imahna diduruk, indung bapana maot kabeuleum.
"Euleuh, kutan teh kitu kajantenanana?" Ipah olohok.
Anita nginghak, ngarasa era boga bapa geus ngalakukeun kasalahan gede tapi teu meunang hukuman di dunya, inggis jadi matak ka anak incu kahareupna.
"Abdi hoyong sakantenan tahlil kangge Bu Sari! Mun seug aya dikieuna ku abdi bakal dijamin kahirupanana! Kitu Teh!"
Nepi ka imah Bah Rukma, kabeh tarurun tina mobil, arasup ka imah nu kabeneran can sarare deui, Anita dibageakeun bubuhan geus kungsi panggih jeung Bah Rukma.
Anita langsung nyaritakeun maksud kadatanganana ka dinya, hayang neangan makam Sari keur nebus dosa bapana nu geus ngancurkeun hirup Sari.
"Makam Sari Djuwati, teu kakored nya Ma, kaburu keueung!" Ceuk Bah Rukma.
"Oh jadi Abah uninga?" Anita mencrong ka Bah Rukma.
"Euh soak nya Ma!" Bah Rukma nyiku Ma Jojoh. Nu disiku unggeuk.
Ipah teu loba omong, sanajan teu kaharti ku pamikiran Bah Rukma sakitu geus nganyahoankeun makam Sari, tapi ngangles pamanggih Ipah.
"Tuh Bah, sidik aya kuburanana pan?" Ipah ngadilak.
"Loba nu ngaran Sari teh Nyi! Beda jeung Sari nu ieu!" Bah Rukma rada teugeug.
"Teu langkung Abah!" Ipah jamedud.
Peuting eta Anita geus nyieun rencana rek ka makam deui, menta anteur ka Bah Rukma, ku Bah Rukma disanggupan. Isuk dijemput ku mobil, babarengan ka makam.
Ipah dianteurkeun nepi ka golodog imahna, "nuhun Bu!" Ceuk Ipah.
"Teteh enjing ngiring nya, ku abdi disampeur!" Ceuk Anita.
Ipah unggeuk, sakalian hayang nyaho makam Sari, sugan aya bongbolongan pikeun narekahan Wiwin nu jadi anak, geus cukup sakali papisahan bari jeung lila aya taunan, tisaprak budak dina aisan keneh, nepi ka kiwari.
Pikiran Ipah mimiti kumalayang, nyawang kanyeri kapeurih Sari nu dikakaya ku juragan Karta. Mun seug rek males kanyeri, naha make kudu meubeut meulit kana kahirupan Wiwin.
Wanci haneut moyan, Anita nyampeur Ipah nu geus saged, nungguan di tepas.
"Teteh, nepangkeun ieu Ustad Amar, nu baris mimpin tahlil sareng ngadu'a di makam engke!" Anita ngawanohkeun Ipah ka ustad ngora bawana Anita.
"Wilujeng enjing Pa Ustad!" Ipah rengkuh.
Ustad Amar imut bari unggeuk.
"Hayu Teh, bilih kabujeng siang!" Anita ngaleng Ipah, dibawa asup kana mobil, dituturkeun ku ustad Amar.
Bah Rukma, jeung Ma Jojoh arasup kana mobil, teu lila geus nepi ka makam. Teu hese neangan makam Sari, jeung Juragan Karta. Nu mimiti diburu teh makam Sari.
"Tah ieu makam Nyi Sari!" Bah Rukma cingogo, makam geus lalening padahal teu kaburu kakored.
Caringogo ngurilingan makam Sari, dipupuhuan ku ustad Amar. Nu aya di dinya khusu maca do'a. Kaasup Ipah, ngado'akeun Sari sangkan rohna lelembutna tenang, teu marakayangan rek males kanyeri.
Rengse ngado'a di makam Sari, parindah ka makam Juragan Karta.
"Ieu makam Almarhum pun bapa!" Anita nuduhkeun makam ka ustad Amar.
Ustad Amar unggeuk, laju cingogo, nu sejen narurutan milu cingogo rek ngado'a. Karek ge maca Yaasin sababaraha ayat, langit angkeub jiga nu rek hujan, angin ngagelebug nebak tatangkalan. Daun garing nu katebak angin haliber pasuliwer, sora angin beuki dieu beuki handaruan, ngan anehna di lebah makam Juragan Karta hungkul.
Belum ada tanggapan untuk "Rarabi Jeung Nyi Sari (Bag 11)"
Post a Comment
Dilarang membagikan link judi, pornografi, narkoba, dan kekerasan. Terimakasih.